Khutbah Jumat Versi Bahasa Sunda "Adab-Adaban Solat jeung Hikmahna" Tema Rajab 27 Januari 2023

- Jumat, 27 Januari 2023 | 10:27 WIB
Khutbah Jumat versi bahasa sunda "Adab-Adaban Solat jeung Hikmahna" tema Rajab 27 Januari 2023 (pexels/Iqbal farooz)
Khutbah Jumat versi bahasa sunda "Adab-Adaban Solat jeung Hikmahna" tema Rajab 27 Januari 2023 (pexels/Iqbal farooz)

Sadaya puji disanggakeun ka hadirot Allah SWT, rohmat sareng salam kawilujengan mugi diwuwuhkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad Saw, para kulawargi, para sahabat sareng umatna dugi ka poe kiamah.

Baca Juga: Aliran Rp 1 Triliun ke Anggota Partai Politik Hasil Pembakaran Liar, Parpol Mana? Ini Tanggapan Polri

Para hadirin sadaya

Upami nitenan kana kautamaan rupi-rupi ibadah ka Allah, telela pisan yen solat teh mangrupi ibadah anu pangpentingna sareng pangageung hikmahna saparantos maca syahadat. Geura mangga lenyepan padawuh Allah anu kieu unggelna :

اُتْلُ مَآ اُوْحِيَ اِلَيْكَ مِنَ الْكِتٰبِ وَاَقِمِ الصَّلٰوةَۗ اِنَّ الصَّلٰوةَ تَنْهٰى عَنِ الْفَحْشَاۤءِ وَالْمُنْكَرِ ۗوَلَذِكْرُ اللّٰهِ اَكْبَرُ ۗوَاللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْن

“Baca ku andika (Muhammad) naon-naon anu diwahyukeun ka andika tina alkitab (Qur'an) jeung lakonan solat. Saestuna ngalakonan solat teh matak nyegah tina ngalakonan pagawean anu goring (Dosa) jeung anu munkar (Dilarang). Jeung ari dikir (tegesna eling) ka Allah eta teh ganjarana panggedena. Jeung Allah teh Mahauninga kana sakabeh pagawean maraneh.” (Al Ankabut ayat 45)

Para hadirin sadaya.

Baca Juga: Jangan Salah Paham! CPNS 2023 Ternyata Tidak Dibuka Juni 2023, BKN Beri Petunjuk

Maksud ieu ayat numutkeun tafsiran Ibnu Mas’ud jeng Ibnu Abbas r.a mah kieu, “Yen Solat anu pangaruhna matak ninggalkeun pagawean anu awon teh nyaeta anu solatna disarengan ku hate anu khusyu’, hate anu gembleng inget ka Allah, sarta sadar yen manehna keur ngadeuheus ka Allah, bari depe-depe ka Allah, sarta ngaraos yen manehna keur munajat, sarta ditingali ku Allah, Zat anu Maha agung. Sedengkeun solat anu henteu kitu mah moal matak nimbulkeun pangaruh anu kitu, tukang doraka tetep ngalakukeun doraka.

Pidawuh Nabi Muhammad Saw :

من لم تَنْهَهُ صَلَاتُهُ عن الفَحْشَاءِ وَالمنكرِ لم يَزْدَدْ من اللّهِ إلّا بُعْدًا

“Sing saha jalma anu solatna henteu matak nyegah tina pagawean anu matak dosa jeung munkar, maka eta jalma teh tambah jauh tina rohmat Allah” (Riwayat Thobroni)

Baca Juga: Bacaan Misa Sabtu 28 Januari 2023 Lengkap Bacaan Pertama dan Bacaan Injil

Ku margi kitu, solat teh janten tihang agama. Kuat atwa henteuna nyekel agama gumantung kana solatna, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw. :

الصلاة عماد الدين، فمن أقامها فقد أقام الدين ومن تركها فقد هدم الدين

Halaman:

Editor: Afifah Nur Hawa

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Doa Dapat Jodoh dan Dipertemukan dengan Pasangan Terbaik

Selasa, 5 September 2023 | 11:07 WIB

5 Doa Lulus UTBK SNBT 2023, Amalkan Sekarang

Senin, 22 Mei 2023 | 23:52 WIB
X