Hadirin Rahimakumullah...
Kadua, saparantos Ismail nincak umur baleg, Allah miwarang Ibrahim supaya meuncit putrana nu jenengan Ismail tea, tapi kanyataannana ku Allah digentos peupeuncitannana ku domba nu badag ti jero sawarga. Dawuh Allah dina Al-Qur’an dina surat As-Soffaat ayat ka 106-107.
Baca Juga: Oppo Reno 7A Resmi Rilis, Bawa Snapdragon 695 Berapa Harganya?
إِنَّ هَٰذَا لَهُوَ ٱلْبَلَٰؤُاٱلْمُبِينُ
وَفَدَيْنَٰهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ
“Saestuna ieu teh cocoba anu tetela, jeung kami geus ngaganti manehna (Isma’il) ku peupeuncitan anu gede (domba anu lintuh).”
Sajarah ayana kurban sabab kata’atannana Nabi Ibrohim As kana parentah Allah. Dugi ka ayeuna kurban bisa dirasakeun mangpa’atna ku urang sarerea terutama keur jalma miskin.
Katilu, ngalaksanakeun pernikahan ku Allah dianjurkeun kacida, sabab nikah teh bakal ngajaga farji jeung paningali.Sanajan rumasa jadi jalma nu miskin, ku Allah pasti bakal dibere rizki anu cukup, asal urangna bener-bener daek usaha. Dawuh Allah dina Al-Quran dina surat An-Nur ayat 32.
وَأَنكِحُواٱلْأَيَٰمَىٰ مِنكُمْ وَٱلصَّٰلِحِينَ مِنْ عِبَادِكُمْ وَإِمَائِكُمْ إِن يَكُونُوا فُقَرَاءَ يُغْنِهِمُ ٱللَّهُ مِن فَضْلِهِۦ وَٱللَّهُ وَٰسِعٌ عَلِيمٌ
“Jeung geura kawinkeun jalma-jalma anu lalagasan ti antara maraneh, jeung abid-abid katut amat-amat milik maraneh anu sapantesna (kawin). Upama maranehna pakir, engke oge Allah ngajadikeun maranehna mampuh ku kajembaranana, jeung Allah teh Maha Jembar tur Maha Uninga. (Qs. An Nur:32)
Artikel Terkait
Teks Khutbah Jumat yang Membuat Jamaah Menangis 2022: Akhlak Malu Mendatangkan Kebaikan
Naskah Khutbah Jumat Singkat 10 Juni 2022: Kematian Istirahat Bagi Seorang Muslim
Khutbah Jumat Pendek Terbaru Edisi 10 Juni 2022, Setiap Kesulitan Pasti Ada Kemudahan
Khutbah Jumat Penuh Arti dan Makna Indah Al Quran, Perempuan, dan Insan Kamil
Teks Khutbah Jumat 17 Juni 2022 Singkat dan Penuh Makna Tentang 5 Nasihat untuk Jamaah Haji
Contoh Teks Khutbah Jumat 24 Juni 2022: Bekal Sebelum Kematian
Teks Khutbah Jumat 24 Juni 2022: Bagaimana Menjaga Amanah