Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN

- Sabtu, 24 Juli 2021 | 13:59 WIB
Ilustrasi carpon Mapag Hibar Pangharepan
Ilustrasi carpon Mapag Hibar Pangharepan

Piunggul ka-1 Pasanggiri Ngarang Carpon
"Jejer Sasalad Korona-Pakarangan 2021”

 

RURUSUHAN kaluar ti ruang IGD, muru ka ruang perawat. Karék ngudaran hazmat, Kepala Perawat nolol tina lawang panto.

“May, wayahna tong waka mulang. Datang pasien deui.”

Kuduna balik téh tadi tabuh 6 tas shift peuting. Tapi pasien kalah terus murudul. Ngarongkong hapé, ngabejaan ka pengasuh di imah yén can bisa balik. Geuwat kaluar muru ka ruang IGD deui. Enya wé aya dua brankar nu karék diturunkeun tina ambulan. Laju kuring milu pakepuk mariksa pasien nu anyar datang. Merenahkeun dina kasur, ngacék tekanan darahna, detak jantung jeung nu séjénna. Mariksa catetan rujukan tuluy méré tindakan luyu jeung instruksi ti tim monitor.

Liwat asar karék bisa ucul-ucul hazmat. Brus mandi, ngaguyur manéh ku shower. Geus saged salin ku pakéan beresih bekel ti imah, rurusuhan balik. Inget ka budak, karunya ogé ka pengasuhna. Nepi ka jalan hareupeun imah, teu waka asup. Nelepon heula pengasuh, ngabéjaan yén kuring geus anjog. Manéhna kaluar ti imah ngadadahan, tuluy ngaléos balik. Asup ka imah téh ngaliwatan jalan tukang labas ka kamar cai. Gebrus mandi deui, diguyur saawak-awak.

Réngsé beberesih, awak disemprot antiseptik. Ngadagoan heula sababaraha menit. Tuluy asup ka kamar budak. Manéhna keur ngeletek ulin dina kasur, langsung muru bari ranggah barang panto kamar dibukakeun. Paromanna katingali atoh. Pipina diciuman nyacapkeun kasono sabada dua poé dua peuting ditinggalkeun gawé.

“Ibu, hoyong susu.”

Ngaléos ka dapur muka kulkas. Geuning susu budak tinggal sakeprul. Hanjakal tadi teu nyimpang heula ka toko langganan. Rét ka palebah jandéla, di luar geus reup-reupan. Sugan minimarket nu di parapatan muka kénéh.

“Ibu ka minimarket heula. Anit antosan di bumi, ulah kaluar. Calik di kamar!”

Budak unggeuk. Sanggeus saged maké jékét, sarung tangan jeung masker gura-giru indit. Sajajalan kaayaan mungguh sepi, teu katingali jelema nu ngulampreng. Jalan lénglang ngabulungbung euweuh kandaraan nu ngaliwat. Kantor-kantor pamaréntahan nu kaliwatan reuteum ku spanduk ngeunaan informasi sasalad covid. Dina panto gerbangna ditarapelan pengumuman, yén kantorna ditutup.

Untung minimarket téh muka kénéh. Rada loba nu keur balanja. Atuh asup téh bari ati-ati ngarah teu pagiling gisik teuing jeung séjén. Keur néangan merk susu nu biasa, aya sora lalaki batuk kahalangan ku erak display sajajar. Lila-lila sora batukna kadéngéna beuki ngéhkéh. Geus meunang susu gancang nguliwed ka rak tukang, nyokot roti, susu kaléng, biskuit jeung sarupaning cemilan sejenna. Geuwat muru ka kasir. Aya opatanana nu keur antri rék babayar téh, kuring ka limana.

Jegoh … jegoh, lalaki nu nangtung hareupeun batuk. Sigana ieu nu ti tadi kadéngé batukna ngéhkéh téh. Nangtung rada mundur lantaran si lalaki batukna bari ngabalieur ka kénca jaba teu maké masker. Ngantri téh élékésékéng. Inget ka budak nu sorangan di imah. Ditingali téh nu antri kadua jeung nu katilu balanjaanana nepi ka dua karinjang séwang. Jaba ieu lalaki di hareupeun kalah beuki ngohkoh teu eureun-eureun. Sorana geus huk-hek bangun nu eungap. Nu séjén gé geus tinglalieuk duka ngarasa kagandéngan, duka hariwang ku virus.

Ujug-ujug gebru éta lalaki rubuh, ngagolépak dina lanté bari engap-engapan. Babawaanana marurag pabalatak. Kuring refleks ngejat ngajauhan, antrian ogé ngaburiak. Dua urang pelayan lalaki gagancangan muru ka si lalaki rék nulungan. Geuwat dihulag.

“Ké heula, ulah waka dicaketan!” cekéng.

Kuring ngaluarkeun sarung tangan karét. Lalaunan ngadeukeutan si lalaki. Ditingalian, ditaliti. Beungeutna beureum tina bahamna kaluar lendir. Sirahna digilekkeun, dina tukangeun ceulina katingali aya renung, renyek beureum siga endog lauk. Haté teu puguh rarasaan. Hariwang kacida. Tuluy kancing kaméjana dibuka, bréh dina dadana nu renyek bareureum ngagareblég loba. Geus teg wé, gejala varian virus nu panganyarna. Nelepon ka satgas pandemik rumah sakit ngalaporkeun kajadian ieu. Teu poho dibéjakeun tanda-tanda fisik nu aya di si lalaki. Teu lila sora ngahiung, ambulan datang. Si pasien langsung di-evakuasi ku petugas nu saraged dina hazmat.

Balik ka imah kérésék balanjaan disemprotan heula ku antiseptik. Asup ka jalan tukang deui. Bus ka kamar cai ucul-ucul, papakéan diasupkeun kana mesin cuci, gebrus mandi.

Susu dua gelas jeung kadaharan geus ngajagrag dina méja. Budak cacamuilan ngadahar roti, panonna manco kana hapé hareupeunana. Cetrék ngahurungkeun tipi.

“Virus covid varian baru sudah masuk ke Indonesia dan merebak di beberapa kota. Kasus-kasus terbaru diidentifikasi merupakan pasien-pasien yang terpapar virus varian baru ini. Jumlah pasien melonjak dengan cepat karena virus varian baru ini memiliki daya tular lima kali cepat dari virus induk. Masyarakat diharapkan ….”

Saluran dipindahkeun.

“Virus varian baru yang masuk ke Indonesia karena membludaknya wisatawan asing pasca lebaran diidentifikasi memiliki daya tular lima kali cepat dari virus induk dan berpotensi mematikan bahkan bagi pasien tanpa komorbid. Adapun gejala dari virus varian baru ini sebagai berikut ….”

Ras ka lalaki nu ngagolépak di minimarket tadi. Ya, Allah … ngusap beungeut. Dina tipi masih loba berita ngeunaan virus varian anyar nu maruncul di sababaraha nagara kalawan kode jeung gejala nu béda-béda.

“Pasien nu tadi dievakuasi maot.”

Chat ti Anggi, sobat nu ayeuna keur dines malam. Gebeg. Rét kana jam dina témbok. Jam sapuluh leuwih dua belas menit. Tadi si lalaki ngagolépak téh kira-kira jam tujuhan. Dina angka tilu jam geus teu kapuluk. Tapi kétang apan can kapaluruh ti iraha mimitina éta lalaki katépaan virusna.

Hapé ngageter deui. Chat ti Anggi rada murudul nyaritakeun kasang si lalaki nu geus kapaluruh. Si lalaki téh tour leader hiji travel nu mawa rombongan wisatawan ka basisir pakidulan. Di antara rombongan horéng aya wisatawan urang luar negeri. Samulangna ti laut, rombongan transit heula, nginep sapeuting, di hotel daérah Cipanas nu deukeut ka pusat kota. Piknikna kira-kira dua minggu ka tukang.  

Tim Gugus Covid ayeuna langsung ngadatangan ka hotél nu harita dipaké tempat nginep rombongan wisatawan téa. Mariksa sakabéh karyawan jeung nu sabudeureunana. Ceuk béja, geus aya sababaraha urang geus némbongkeun gejala-gejala katerap virus tur sabada dipaluruh maranéhna kungsi kungsi kontak fisik jeung para karyawan hotél.

Budak tibra dina sofa, geuwat dipangku dipindahkeun ka kamar. Balik deui ka hareupeun tipi, muka medsos dina hapé. Bray aya video nu ngagambarkeun hiji pasien keur digugulung ku petugas nu maraké hazmat. Teu lila si pasien ujug-ujug jejengkengan siga nu sakalor, tuluy hudang ngamuk nyerang ka para petugas di dinya. Dina narasina disebutkeun si pasien katerap ku virus anyar nu geus mutasi. Bahayana varian virus nu ieu mah lantaran bisa nepi ka nyerang kana syaraf otak. Si pasien bisa ilang kontrol ngaruksak ka diri sorangan lantaran teu kuat nandangan beuratna panyakit atawa nyerang nyilakakeun batur.

Hiyyy … aya ku karareueung. Antara percaya teu percaya kana eusi éta video. Maenya teuing virus nu nyerang sistim pernapasan bisa nepi kana otak. Asa can katepi ku akal. Ah, muga-muga wé ukur hoax.

***

WARTA ngeunaan lalaki nu tadi peuting geus sumebar dina portal media lokal, dina medsos, jeung dina grup-grup chat. Pimpinan daérah langsung méré instruksi keras supaya warga caricing di imah. Karyawan hotél nu dipariksa dilaporkeun geus loba nu positif katepaan. Gejalana persis pisan jeung lalaki nu ngagolépak di minimarket tadi peuting. Ti janari leutik tadi kadéngé sora ambulans tinghariung.

“Ripuuuh, pasien membludak euy.”

Chat ti Anggi ditungtungan ku emoticon ngelél capé, ceurik, muringis, ngadérét panjang. Nepi ka beurang manéhna can aya nga-chat deui.

Pasosoré muka chat grup. Aya nu mosting video kaayaan di rumah sakit. Ruang IGD Puspa, tempat pasien rujukan nu geus positif, riceuw. Sababaraha pasien nu datang tadi janari maraksa hayang balik. Carengkat tina ranjang padahal awakna pasuranteng ku selang oksigen jeung infus. Perawat nu keur tugas di jero ruangan ukur lima urang. Kawalahan nahan pasien-pasien nu baruntak, malah aya nu nyabutan selang infus ku sorangan. Perawat nu tugas di luar, merhatikeun tina CCTV, riweuh laporan ka dokter jeung neleponan bagéan keamanan.

Awak ngadarégdég késang tiis ngorolok. Melang ka Anggi, muga-muga henteu keur tugas di rohangan éta. Inget kana video urang luar tadi peuting. Boa-boa …?

Ngahurungkeun tipi langsung mencét saluran tipi lokal. Pimpinan Daerah keur konferensi pers, ngémbarkeun kaayaan kota nu geus ngageblég zona hitam. Di sababaraha titik kota geus aya kajadian nu pikakeueungeun. Sababaraha urang nu ngalaman gejala virus anyar téa teu kasusud ku tim satgas covid kalah laliar di jalan-jalan bari tingjaregoh baratuk. Tuluy nyerang ka jalma-jalma nu pareng panggih, ngahaja batuk dina beungeutna ngarah katépaan. Pamarentah daerah ampir-ampiran bobor karahayuan nyanghareupan kaayaan nu ujug-ujug kieu. Pihak Pemda geus ménta bantuan pamarentah pusat pikeun ngungkulanana. Pimpinan Daerah ogé ngainstruksikeun ka warga nu masih séhat tur jagjag pikeun evakuasi mandiri, sina arindit ti kota ieu. Ka mana wé cenah, nu penting nyalametkeun diri masing-masing.

Awak beuki ngeleper, leungeun karasa tariis. Gusti … kota geus kakepung. Katingker ku virus jeung jelema-jelema nu katépaan nu ngaramuk ilang kasadaran. Duh, kumaha kuring jeung budak. Budak pangpangna mah kudu bisa salamet. Rét kana pigura poto nu dipajang luhureun bupét. Kuring, budak jeung bapana. Tiluan, harita jaman keur bagja. Ujug-ujug aya nu ngolébat dina ingetan. Geuwat ngarongkong hapé, mencetan nomer. Nyambung.

“Assalaamu’alaikum. Amih, damang?”

“Alhamdulillah.” Nu ngajawab beulah ditu sorana datar. “Aya naon, May?”

Togmol kuring nyarita ménta dipangmapagkeun budak bari tuluy mihapé di ditu nepi ka kaayaan di dieu normal deui. Ceuk warta, Kota T loba kénéh wilayah nu masih steril. Komo pan bumi Amih mah ayana di pasisian. 

“Saha nu bakal mapagkeunana atuh, May? Dina ayana titaheun ogé moal aya nu daékkeun dititah indit ka dinya. Apan warta geus éar, kumaha kaayaan kota G ayeuna.”

“Teu kedah lebet ka kota, Mih. Ku abdi dijajapkeun dugi ka wates kota, engké jangjian di palih dinya. Kumaha upami ku Om Bayu papagkeunana?” Rada ngageter sora téh bakat ku banget miharep sih piwelas Amih.

“Ah, moal. Amih moal ngidinan Bayu datang ka kota G. Iy, bararaid teuing. Kumaha lamun Bayu katépaan tuluy nepi ka hanteuna. Teu. Teu hayang Amih mah kaleungitan deui anak. Nyeri!”

Leketey, awak leuleus lir dipupul bayu. Aya ku téga Amih. Apan nu rek dipihapékeun téh incuna, sasat darah dagingna sorangan. Lamun Amih nyebutkeun nyeri kaleungitan anak, apan ieu kuring gé hiji indung nu keur satékah polah nyalametkeun anak.

“Didu’akeun wé ku Amih, muga-muga Maya jeung Anit salamet. Bongan saha harita basa Fahmi aya kasempetan pindah tugas ka dieu Maya keukeuh embung milu. Antukna kalah ditugaskeun ka luar pulau. Nyeri kaleungitan anak téh, May.”

Aya ku neuteuli Amih kana kajadian harita bari keukeuh nyebut kaleungitan anak. Padahal anakna aya kénéh sanajan enya pajauh. Bari kaputusan pikeun nyokot tugas ka luar pulau, éta mah kahayang Fahmi sorangan. Lain pédah diangsonan ku kuring.

Peunggas pangharepan. Teu boga jugjugeun pikeun ngungsi. Budak nu keur ngeletek ulin di kamar diteuteup, berebey cipanon ngalémbéréh. Deudeuh teuing lamun hidep tepi ka jadi korban. Ngarongkong pigura poto, gambar salaki diteuteup tuluy diusap.

“Di mana Papah ayeuna? Anit keur aya dina bahaya, kudu gancang disalametkeun.”

Segruk ceurik bari ditahan, bisi kadéngéeun ku budak. Genep bulan ka tukang kuring mireng béja cenah Fahmi deukeut jeung hiji awéwé di tempat tugasna. Awéwé éta téh babaturan salemburna nu cenah gawé di kota S tempat Fahmi tugas. Aya nu nyebutkeun, awéwé éta ngahaja indit ka kota S dijurungan ku Amih. Harita kuring kahuru napsu, eukeur mah pan Amih teu resepeun ka kuring. Jadi percaya lamun Amih ngahaja nyieun pucuk ti girang.

Fahmi teu suka kuring nuduh indungna kitu peta bari teu rumasa deukeut jeung sasaha, malah nangtang ménta bukti. Padugeng-dugeng nepi ka ributna. Antukna Fahmi indit tugas bari mawa kaambek. Ti dinya pet, teu bisa dihubungi jeung tara ngahubungi.

Tirilit sora hapé. Video call. Geuwat dibuka. Bray beungeut Anggi, hariweusweus bari katingali soak.

“Gawat, May. Rumah sakit chaos. Kabéh pasien covid ngaramuk, nyerang bari ngaruksak barang-barang. Panto ruang IGD Puspa dirujadkeun. Perawat kalabur nyalametkeun diri masing-masing.”

“Ari kamu ayeuna di mana?” megat kalimah satengah ngajerit.

“Urang kabur ka ruang perawat lantai 3, aya sapuluh urang nu nyumput di dieu. Euweuh jalan kabur, May. Unggal lolongkrang pasti aya pasien nu keur néangan jalan kaluar. Rumah sakit diblokir kabéh. Teu bisa kaluar jeung moal aya nu bisa asup.”

Anggi norostos bari ambekanana rénghap ranjug. Ujug-ujug kadéngé sora nu ngajerit, ditéma ku sora tingburutuk lalumpatan.

“Asup ka ruang rawat tungtung, langsung konci pantona!” sora nu ngomando.

Layar hapé oyag-oyagan tarik pisan, sora hah héh hoh atra kareungeu. Geus kitu pet sambungan telepon pareum. Leketey, awak karasa leuleus deui.

Dua jam ti harita Anggi nga-chat deui.

“May, kamu rék ngungsi kamana?”

Dijawab ku emoticon awéwé ngangkat leungeun sataktak.

“Milu jeung urang wé yu! Satengah jam deui bakal aya tim angkatan darat ti pusat nu rék ngaluarkeun urang saparakanca ti dieu. Pamaréntah nyiapkeun armada beus keur masarakat nu rék ngungsi ka luar kota. Kamu geus didaptarkeun milu jeung urang, balik ka lembur urang di kota C.”

Kuring ngaheunggeu maca chat ti Anggi. Antara percaya jeung henteu meunang lolongkrang pikeun nyalametkeun diri.

“Geuwat geura siap-siap teu kudu mekel salin loba-loba teuing, beurat. Sajam ti ayeuna didagoan ku urang di tapel wates kota. Téangan beus kode C-19.”

Sakedapan ngahuleng. Ti dieu kudu tepi ka tapel wates kota dina waktu sajam, bakal kaburu kitu? Jaba euweuh kendaraan. Lah, la haola wé batan teu hojah pisan. Gesat-gesut ngasupkeun papakéan nu sorangan jeung budak kana rangsel. Budak didangdanan, dibaguded ku jékét, kupluk, masker jeung sarung tangan. Sorangan kitu deui, dangdan nepi ka buni.

Kaluar ti imah, leumpang gagancangan bari mangku budak. Haté gegerenceman muntang ka Pangéran, neda pitulung sugan aya kandaraan nu bisa diiluan. Keur kitu lar aya angkot ngaliwat sadua-dua, geuwat gogorowokan nyalukan. Angkot nu hiji kalah ngadius nyebrut, teu maliré. Untung angkot nu tukangeunana haat eureun, supirna ngagupayan. Barang rék naék, horéng angkot geus pajejel, euweuh lolongkrang pisan. Panumpangna raribut ongkoh, ngahayeuh-hayeuh ngarah gancang indit.

Kapaksa ngeureuyeuh deui leumpang. Aya kana lima belas menitna. Harepan geus ngoléang deui. Yakin moal kaburu tepi ka wates kota téh.

“Nggi, nuhun nya geus haat daék nyambat. Lamun téa mah kuring teu nepi ka dinya dina waktuna, meureun papastén kuring jeung Anit kudu jadi parab sasalad di ieu kota.”
Haté ngarakacak inget ka Anggi nu buméla. Ras kana nasib diri nu sasat mapag ajal.

Ujug-ujug reg aya mobil jip eureun. Hiji tentara turun rurusuhan.

“May …!”

Budak nu naplok dina tangkeupan curinghak.

“Papah …!” ngagero ka tentara nu geus aya hareupeun. Gabrug, budak nangkeup éta tentara. Ari kuring kalah molohok leungiteun kecap.

“Anggi tos ngantosan dina beus. Papah engké mapagkeun upami kaayaan di dieu tos aman,” ceuk Fahmi bari nungtun kuring naék kana mobil jip.

***

HIBAR layung marakbak di langit basa mobil jip anjog ka wates kota. Beus kode C-19 geus gegerungan rék mangkat. Anggi gugupay dina lawang panto beus bari ajrag-ajragan bungah. Rurusuhan kuring ngalacat kana beus, Anit ditaékkeun ku bapana.

Kuring diuk sisi jandéla, beus ngageuleuyeung lalaunan. Anit ngadadahan ka bapana. Beuki jauh, leungeun Fahmi diantelkeun kana ceulina siga nu keur nelepon. Kuring unggeuk bari imut. ***

Tarogong, Juni 2021

 

Aam Amarullah Ibu rumah tangga, ngajar di MTs. Persis Tarogong, Garut. Ti kawit taun 2012 ngiring aub di grup Fiksimini Basa Sunda (FBS), aya sababaraha fikmin nu kantos dimuat dina Galamedia sareng Manglé. Diteraskeun diajar nyerat carpon, aya nu kantos dimuat dina Ayobandung.com, Manglé, sareng Tribun Jabar.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Terkini

Cerita Pendek: SUATU HARI TANPA ISTRI

Sabtu, 9 Oktober 2021 | 11:46 WIB

Sastra Sunda: LAWUNG DI BASISIR CIUJUNG

Sabtu, 2 Oktober 2021 | 10:32 WIB

Sastra Sunda: LAGU PANINEUNGAN

Sabtu, 18 September 2021 | 09:42 WIB

Cerita Pendek: INTEROGASI

Sabtu, 11 September 2021 | 10:33 WIB

Sastra Sunda: MAPAG UDAT-UDAT BALEBAT

Sabtu, 4 September 2021 | 10:04 WIB

Cerita Pendek: TATAPAN MATA

Sabtu, 28 Agustus 2021 | 07:48 WIB

Sastra Sunda: NU CÉPLAK JEUNG SEUHAH

Sabtu, 21 Agustus 2021 | 09:13 WIB

Cerpen: Mantra Kuno di Kajoetangan

Sabtu, 14 Agustus 2021 | 12:06 WIB

Sastra Sunda: KATURUG KATUTUH

Sabtu, 7 Agustus 2021 | 10:15 WIB

Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN

Sabtu, 24 Juli 2021 | 13:59 WIB

Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI

Sabtu, 10 Juli 2021 | 10:47 WIB

Nu Dijilbab Kayas

Selasa, 22 Juni 2021 | 14:59 WIB
X