Carita Pondok Imam Mutaqin
AYA PULUHNA taun teu nincak lembur matuh Banjar Karang Pamidangan. Teu wudu ngahudangkeun panineungan. Lalakon baheula bruh-bréh dina kongkolak. Narémbongan hiji-hiji dina ingetan. Mungguh matak kelar tur kagagas.
Kumalangkang gambaran waktu nitah Asép ngaruag golodog Bah Santa, basa si Jamadi, jajaka urang Cisalak ngapélan Nyi Sarmini, anak bungsu Bah Santa nu teu weléh jadi kembang ingetan. Kapan di kantor RW pisan kuring jeung Asép diriung ku urang lembur.
Di dinya si Asép ngaku yén manéhna nu ngaruag golodog kalayan panitah kuring. Teu bisa dipondah deui amarah urang lembur tamplok ka kuring. Angot Bah Santa mah, teu sirikna kekerot béak karep. Kawasna lamun teu dihalangan ku Mang Lebé mah kuring téh geus dikumaha boa.
Peuting éta béak beresih diseukseukan ku Mang Lebé. Anjeuna hanjelu ku pamolah kuring nu bedang tur basangkal.
“Cik atuh, Darsan, manéh téh sing aya euih-euihna. Piraku rék kieu waé? Emang nu kaamanatan ku jenatna bapa manéh, ngarasa gagal ngawarah manéh!” saurna.
Baca Juga: Beredar Rumor Erina Gudono Hamil, Kaesang Pangarep Beri Tanggapan Menohok
Kungsi ogé dina hiji peuting, balik lalajo wayang ti Cihonjé harita téh. Biasa, dibaturan ku Asép. Teu nepi ka jucung, sabab kaburu riributan jeung barudak urang ditu.
Maranéh dihanca hiji-hiji, tapi acan wareg ngahanca maranéhna, hansip saparakanca ngabuburak. Nya puguh wé ribut téh ngabuntut bangkong. Sedeng keur kuring mah lamun riributan téh kudu nepi ka musuh ngajehjer, teu walakaya. Ari ieu kakara gé pamanasan geus dibubarkeun.
Bari leumpang téh kukulutus. Rét ka imah Pa Juma, jalma nu loba hayamna, tapi kumed. Meditna tanding Nyai Endit dina sasakala Situ Bagendit. Tong boro méré goréng hayam ka tatangga, dalah basa Mang Minta ménta endog hayam sasiki gé teu méré. Sok padahal Mang Minta sok méré sangu sésa keur hayamna. Abong adat kakurung ku iga, medit Pa Juma téh euweuh tandingna.
Jorojoy aya niat ngajailan. Kuliwed kapipireun imahna. Ngadeukeutan paranjé. Asép dititah néwak hayam pelung. Tara mungpang si éta mah dititah nanaon gé. Wani mungpang mah alamat beungeut geuneuk.
Teu kungsi lila gé Si Pelung téh geus dikélék ku Asép. Rigidig dibawa ka tempat nu rada anggang. Srog ka hareupeun saung kebon Mang Aép. Si Pelung dibikeun ka kuring. Gap ditampanan. Ceg kana balati nu teu weléh disesepkeun dina cangkéng. Seuseukeut balati diteueulkeun kana beuheung hayam.
“Wayahna silaing kudu paragat, Pelung!” cekéng.
Getih seger ngaberebey tina beuheung Si Pelung. Hayam gagalaprakan. Antukna ngusek dina jukut.
Artikel Terkait
Carita Pondok: BOLU MILANGKALA
Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING
Carita Pondok: NONA ANGSANA