BANDUNG, AYOBANDUNG.COM – Dina sual kulinér, Kota Bandung mah “tong ditanya”. Nya maksudna “tong ditanya” téh Bandung mah tempatna kulinér, seueur kadaharan jeung tempat nu raos jeung raoseun.
Bandung mah dina sual kulinér sok jadi perintis waé—ti mimiti brownies, seblak, molen, batagor, jeung réa-réa deui.
Kulinér kuéh jeung roti gé tong ditanya. Salain tukang roti jeung kuéh nu kakinian atawa milénial, roti légendaris nu tos sohor ti baheula loba dijugjug ku para pelancong boh ti luar daérah atawa ti mancanagara.
Ieu geura urang bahas hiji-hiji—toko roti rékoméndasi Ayobandung.com:

#Roti Djie Seng
Roti Djie Seng kasohor pisan di Bandung mah. Basa mimiti ngadegna, Roti Djie Seng didagangkeun maké gorobak sapédah. Pabrikna di Bandung aya di tilu tempat, nyéta di Jalan Terusan Pasir Koja No. 205, Jalan Rajawali Timur No. 175, jeun Jalan Astana Anyar No. 13.
Lamun nyimpang ka pabrikna mah bisa ngasaan roti nu haneut kénéh. Harga roti légendaris ieu kaasup ékonomis di kantong. Per item roti Djie Seng dijual ti mimiti harga Rp3.000.
Tapi, hadé na mah tong ayeuna-ayeuna nyimpang ka pabrikna. Warta nu paling akhir, nu boga pabrik roti légendaris Djie Seng di Jalan Astanaanyar, Kota Bandung, maot alatan kena ku Covid-19, Kemis (31/12/2020), minggu kamari.
Ceuk warta, Toko Roti Djie Seng bakal tutup 14 poé ka hareup.