AYOBANDUNG.COM --
Di mana-mana di kampung di kota
tos kakoncara duh nikmat rasana
Sampeu asalna nu diréka-réka
naon namina duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
pangaos na teu luhur
ku sadaya kagaleh
sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
ulah panasaran
peuyeum ti Bandung henteu sambarangan
Saha nu teu apal ka lagu “Peuyeum Bandung” nu diciptakeun ku almarhum Sambas Mangundikarta? Taun 1980 an, lagu ieu beuki mashur wé da dinyanyikeun ku mojang priangan nu boga sora khas, ogoan, Nining Meyda.
Ayeuna, bisa jadi kapopuléran lagu éta beuki turun kaléléd ku lagu lagu anyar, boh ku lagu Indonésa atawa ku lagu mancanagara. Tapi, paling henteu lagu “Peuyeum Bandung” masih sok dinyanyikeun ku barudak sakola sd.
Tapi, kumaha nasib peuyeum Bandung ayeuna? Kadaharan anu asalna tina sampeu tuluy diragian téh naha masih kénéh kasohor siga dina laguna? Nyaan, aya kénéh di kampung jeung di kota? Naha bener peuyeum Bandung téh masih jadi ciri khas oléh-oléh Kota Bandung.
Kamashuran peuyeum Bandung geus kaléléd ku Brownies Amanda, Bolen Kartikasari, seblak Bandung, cilok, cireng, surabi jeung dahareun séjén hasil inovasi para chéf. Olahan tina peuyeum nu masih “bertahan” paling colénak. Colénak mah masih aya katingali di sababaraha tempat.
Tapi, peuyeum? Di kampung gé sigana geus langka. Justru ayana ngan di kota di tempat nu ngajual oléh-oléh, siga di pasar, Padalarang, Leuwi Panjang atawa di sapanjang Cibaduyut. Èta gé teu loba, jeung éléh payu ku dahareun séjén.