NONA ANGSANA, kuring wanoh ka manéhna téh sanggeus opat bulan jadi pangeusi apartemén Moervati di Jalan Ciumbuleuit, Kota Bandung, deukeut ka hiji kampus tempat kuring ngajar sababaraha seméster tur henteu jauh ti Pangadilan Negeri Bandung di Jalan Riau, tempat paranti kuring merjuangkeun kaadilan.
Kuring kaasup tipe jalma anu lila adaptasi jeung lingkungan anyar, jadi teu anéh mun teu wanoh--atawa dina wanohna gé--jeung jalma-jalma nu aya di apartemén, kaitung lila.
Ka petugas apartemén jeung bagian front office gé, anyar kénéh wawuhna. Ēta gé pédah sok ménta tulung ménta mangmawakeun barang-barang anu beurat saperti galon cai jeung gas.
Horéng Nona Angsana natangga jeung kuring, salanté, di lanté dalapan. Kuring nomer 8041, manéhna di kamar 8044. Persis papeuntas-peuntas. Salila opat bulan teu kungsi kawénéhan pasarandog, atawa ningali manéhna kaluar ti kamar atawa asup ka kamarna. Komo naék lift babarengan mah. Wawanohan gé di coffee shop di lanté lobi, deukeut panto utama, gigireun minimarkét.
Papan informasi nu némpél dina panto kamarna, sakanyaho kuring, teu weléh nerangkeun: “tidak ada.” Ku sangkaan, manéhna jalma sibuk, atawa bisa waé boga imah atawa apartemén di tempat séjén.
Satungtung opat bulan lar-sup ka apartemén, kuring teu kungsi ningali manéhna di coffee shop. Kakara kadieunakeun, tiap kuring kaluar, isuk-isuk atawa beurang, atawa lamun kuring balik ka apartemén soré atawa peuting, Nona Angsana geus nyampak di coffee shop, nyorangan, beungeut kasorot cahaya lampu gantung, lantaran manéhna salawasna diukna di handapeun lampu gantung di korsi pangjuruna.
Romanna nu kasorot cahaya lampu reyem-reyem imut basa kuring ngaliwat hareupeun coffee shop. Leungeunna salawasna kaciri nyekel buku.
Mimitina mah kuring teu merhatikeun. Sakumaha biasa wé jalma nu kaluar asup di apartemén pasti ngaliwatan coffee shop, jadi euweuh nu anéh. Teu kungsi kapikir deuih hayang ngopi di dinya, da naon anéhna atuh, asa mending kénéh langsung istirahat di kamar. Di kamar mah, bisa istirahat, ninyuh kopi ku sorangan, nyawang éndahna ka luareun jandéla, ngawawaas Gunung Tangkuban Parahu nu kungsi nyidem amarah Sangkuriang.
Anjeun gé pasti nyaraho, jalma-jalma nu hirupna milih cicing di apartemén, jalma-jalma sibuk, jeung pangpangna mah nu baroga égo nyingkahan pagaliwotana kahirupan sosial nu dianggapna réméh téméh. Kuring gé kitu, milih cicing di apartemén ngahaja embung aub kana kagiatan rutinitas siga kagiatan lingkungan, pésta agustusan, ngareuah-reuah hari raya jeung kagiatan séjén nu euweuh patalina jeung pagawéan.
Malah dina urusan asmara gé, sabisa-bisa kudu aya watesna, henteu nepi ka silih cantélkeun komitmen. Satungtung kuring suka, awéwéna suka tur taya komitmen nanaon, biasana kuring tuluy akrab. Sakumaha jauh jeung jerona hubungan, maksudna nepi ka urusan ranjang, papada surti teu ménta tanggung jawab nanaon.
Kitu deui jeung Nona Angsana euweuh nu spésial. Mun kuring aya waktu jeung daék ngobrol, kuring ngoloyong ka coffee shop, ngobrol jeung manéhna ngeunaan sagala rupa topik anu dipikaresep boh ku kuring boh ku Nona Angsana. Ngan mun kuring keur horéam sarta hayang langsung nyorangan di kamar--ceuk barudak ayeuna mah me time--kuring ukur ngadadahan bari imut, Nona Angsana cukup males ku imut deui, teu kudu riweuh-riweuh nyalukan hayang dibaturan. Ku saliwatan, ku cara kitu gé, Nona Angsana kabacana mojang cerdas, bisa maca suasana jeung kajiwaan kuring mun keur horéam ngobrol tur hayang nyorangan.
Tepung munggaran téh sanggeus manéhna imut. Naha éta téh imut panggupay atawa mémang kabiasanana waé kitu, kuring ukur bisa ngawawaas. Harita, ceuk pikir, asa taya salahna mun sakali-kali milu ngopi tur ngobrol jeung manéhna, mojang nu kacirina cerdas.
Harita téh pasosoré ninggang keur halodo, langit keur meujeuhna warna beureum semu konéng, kuring kakara balik ti kampus, henteu langsung ka kamar, tapi nyampeurkeun ka awéwé anu ngakukeun ngaranna Nona Angsana, sakalian wawanohan.
Artikel Terkait
Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA
Carita Pondok: MALATI KARI BODASNA
Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING