Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING

- Sabtu, 31 Desember 2022 | 11:34 WIB
Ilustrasi carpon anjeun ngangkleung na hate kuring. (Arsacadiipura)
Ilustrasi carpon anjeun ngangkleung na hate kuring. (Arsacadiipura)

Carita Pondok Ĕriyandi Budiman 

   
HORĔAM sabenerna mah jadi monyét téh. Geus lila teuing. Geus Bosen. Komo jadi monyét ronggéng mah, capéna nataku.

Kahayang mah jadi ucing. Resep nempo ucing mah, pada ngusapan. Pada méré lauk. Pada marab ku kadaharan impor ti minimarkét. Jaba teu kudu numpak sapédah kai atawa mawa bebedilan jeung payung butut. Atawa mending jadi kuda, nya? Kuda mah teu kudu tiarap, dédépéan kawas parjurit. Tara tumpak sapédah deuih. Paling ogé ditumpakkan. Komo jadi kuda ronggéng mah, sok ditumpakkan ku nu gareulis, najan sakapeung.

Atawa jadi gogog waé, kitu? Katempona mah, utamana di kota, sok resep nempona diajak jalan-jalan ka taman jomblo nu raresik. Dibawana ogénan ka na Fortuner, paling banter ka na Honda Civic. Buluna aralus, laluis, teu cara bulu kuring nu caludih. Jaba warna na ogé monton.

Komo mun jadi manuk Lovebird atawa Merak Papua mah resep pisan. Boga buluna aralus jeung warna-warni. Asa can kungsi nempo batur kuring anu buluna coklat ngagurilap, bodas nyacas, atawa beureum, konéng, jeung bulao. Belewuk deui, belewuk deui. Teu nyari.

Enya, hayang mah jadi badak, singa, maung, gajah, onta, sapi, atawa mahluk naon waé anu gagah. Ngan embung wé ari kudu jadi beurit mah. Leuwih barau jeung sok dijadikeun simbol anu ngagadabah duit rahayat. Embung jadi sireum deuih. Da ari ka anu laleutik téh sok pada nincakan.

Baca Juga: 3 Shio Paling Beruntung Tahun 2023, Pekerjaan Sukses hingga Dapat Rejeki Nomplok, Kamu Termasuk?

Geus carangcang tihang. Katempo ti na sela-sela bilik rajét. Sakeudeung deui dunungan mangkat mawa kuring ka na motor bututna. Kalan-kalan mah sok ngompréng ka na angkot jeung sababaraha baladna anu saprofési. Kungsi ogé nébéng ka na mobil bak sayuran anu balik ti pasar Andir, Pasirkoja, Cicadas, Caringin, atawa dolak ti Pasar Kembang. Boh mangkatna boh balikna, tara teuing numpak Mercy Tiger. Duh, iraha atuh nya bisa numpak Avanza atawa Vitara?

“Urang ka Perumahan Antapani euy, poé ieu mah. Bari nempo nu ngaranjah. Cenah mah tarurun di Gunung Burangrang jeung leuweung Dago. Sugan atuh meunang hiji waé, mah! Lumayan keur maturan Si Samson!”

Dunungan kuring, cenah mah urang Ciwidéy, ngasupkeun dog-dog, kecrék, jeung pecut ka na wadahna. Nu diajak badami téh adina. Pangawakanana méh sapantar. Buukna sarua jarucung. Baju jeung calanana basajan. Geus lalédéh. Sapatuna médéng jeung saroék.

“Puluhan cenah, ceuk warta dina AYOBANDUNG.COM mah. Di na Tiktok JEUNG Instagram ogé loba warga anu mosting. Edas nya, Kang. Nepi ka arulin dina loténg dalah ka na kenténg!”

Baca Juga: Prediksi Skor Bursa Taruhan Manchester City vs Everton di Liga Inggris, Lengkap Link Live Streaming

Adina ngalungkeun kuntung. Regot méakeun sésa kopina, laju nuturkeun lanceukna ka luar ti mah kontrakkanana. Rap ka na ranté Si Tiara, kabogoh kuring, sobat layeut batur ngamén.

Pamajikan jeung budak jalu dunungan kuring nu cenah mah ngan tamat SD, geus nungguan. Bring muru dolak butut paragi ngangkut rongsokan nu bolécék cétna jeung geus karahaan. Dius rerekétan nyetrika jalan.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Cerita Pendek: SIMFONI TAK SELESAI

Sabtu, 1 April 2023 | 11:02 WIB

Carita Pondok: SAPIKER TOA

Sabtu, 25 Maret 2023 | 11:00 WIB

Cerita Pendek: TIBA-TIBA SEMUA MENGHILANG

Sabtu, 18 Maret 2023 | 10:36 WIB

Carita Pondok: UCING TATANGGA

Sabtu, 11 Maret 2023 | 08:16 WIB

Carita Pondok: MANG APAN

Sabtu, 25 Februari 2023 | 11:31 WIB

Cerita Pendek: PSIKOTIK

Sabtu, 18 Februari 2023 | 07:18 WIB

Carita Pondok: AWEUHAN PANINEUNGAN

Sabtu, 11 Februari 2023 | 08:28 WIB

Carita Pondok: Lalakon Bihari

Sabtu, 28 Januari 2023 | 13:33 WIB

Carita Pondok: NONA ANGSANA

Sabtu, 14 Januari 2023 | 10:53 WIB

Cerita Pendek: TEMAN BARU SEMASA RONDA

Sabtu, 7 Januari 2023 | 12:28 WIB

Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING

Sabtu, 31 Desember 2022 | 11:34 WIB

Cerita Pendek: PEREMPUAN BERPAYUNG BIRU

Sabtu, 24 Desember 2022 | 08:00 WIB

Carita Pondok: BOLU MILANGKALA

Sabtu, 17 Desember 2022 | 08:00 WIB

Carita Pondok: MALATI KARI BODASNA

Sabtu, 3 Desember 2022 | 10:00 WIB

Cerita Pendek: PEREMPUAN YANG INGIN MENYULAM BIBIRNYA

Sabtu, 26 November 2022 | 10:01 WIB

Carita Pondok: VILA CANTIKA

Sabtu, 19 November 2022 | 06:43 WIB

Cerita Pendek: GROOTE POST WEG 17

Sabtu, 12 November 2022 | 14:00 WIB

Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA

Sabtu, 5 November 2022 | 08:36 WIB
X