Carita Pondok Nyi Roro
DANGDAK-déngdék sirah Lina neges-neges bolu black forest nu kakara pisan jol dianteurkeun ku titahan ti toko kuéh langganan.
Najan regana mahal, tapi Lina sugema nénjo buktina. Sakuriling bolu coklat téh mani camutmut ku coklat meunang marud. Sapuluh congclo butter cream di luhurna aya buah ceri beureum mani ambucuy.
Coklat teuas pasagi ukuran 9x5cm geus ditulisan "Happy Birthday Honey" digolérkeun di luhureun bolu rada ka sisi. Di gigireunnana, lilin beureum angka 25 geus ditancebkeun.
Nyéh, Lina seuri sorangan, nyipta-nyipta kajadian nu geus kaliwat. Poé ayeuna Rian milangkala. Pastina ogé manéhna bakal atoheun meunang perhatian ti Lina. Hirupna éstuning nyorangan di Bandung téh, indekos deukeut kampusna. Kolotna matuh di lembur singkur, Sumedang.
Bosen di imah téh, Kang Patah salaki Lina pagawéanana salaku direktur perusahaan sibuk pisan. Manéhna mindeng dines ka luar kota ngalongokan kantor cabang atawa indit ka luar negri.
Baca Juga: Wisata Sumedang Hits, Gratis Selama Liburan Natal 2022
Barudak geus galedé. Nu cikal geus kurenan, ngilu ka salakina bumén-bumén di Jakarta. Nu panengah nyekel perusahaan cabang, sok balik peuting da cenah loba pagawéan, maklum tuda kantorna jauh di Rancaékék. Si Bungsu sibuk kuliah, jaba grup band nu diiluanana remen manggung boh di cafe boh di acara-acara séjénna. Kari Lina sorangan cuang-cieung euweuh gawé.
Osok éta gé miluan arisan sabulan tujuh kali di sababaraha tempat itung-itung hiburan baé. Tuda, aya ogé Bi Inah batur ngobrol tapi angger wé matak bosen, nu diomongkeun ukur ngulikbek dina urusan imah, dapur jeung balanjaan.
"By, cing tulungan Mamih kumaha carana méh bisa pésbukan?" ceuk Lina ménta tulung ka budakna nu bungsu Roby saméméh indit ka kampusna.
"Deuh, Mamih gaul yeuh heu heu heu,"Si Bungsu nyeungseurikeun.
"Ih, keun waé atuh, pan méh bisa eksis jiga batur," ceuk Lina nurutan basa ABG. Roby nyengir. Laptop dibuka tuluy manéhna kutak-ketik, teuing ngoprék naon, teu ngarti.
"Tah, ntos Mih kantun ngalebetkeun email sareng password-na, ké ku Roby diseratkeun dina buku supados Mamih teu hilap,” ceuk Roby bari tuluy amitan rék ka kampus. Mimitina mah enya utag-atog kamana karep, untung baé aya versi bahasa Indonesia jadi lumayan lancar.
Ih, resep geuning pesbukan téh, loba papanggih jeung babaturan jaman sakola baheula jaba nambahan kawawuhan di dunya goib. Nyieun status naon baé nu sakirana pikatajieun batur atawa motrét sorangan tuluy di-upload. Loba nu méré koméntar, loba ogé nu ngajempolan. Silih témpas matak deudeuieun.
Artikel Terkait
Carita Pondok: KURUPUK UDANG DINA TOPLES
Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA
Carita Pondok: VILA CANTIKA