Carita Pondok Yon's IFA
HUJAN nu ngecrek sapeupeuting ninggalkeun cireumis na tungtung dangdaunan. Jam nu naplok dina témbok kamar asa beuki tarik sorana. Tik tek... Tik tek...
Ukur sora jam nu ngeusian simpéna peuting. Simpéna haté awéwé nu ngawasa jurueun peuting.
Springbéd hipu, bédcover haneut, rohang kamar nu raresik teu ieuh mawa tibra. Teuing geus sabaraha ratus peuting teu kungsi ngimpi da teu kungsi dipépéndé ku indung peuting.
Simbut ditajong. Lalaunan turun tina springbéd, leumpang muru jandéla.
Barang muka jandéla gé malati nu geus jangkung katempo keur karembangan. Ngan teuing ku naon asa taya kaangseu seungitna nu sasari ngadalingding nyambuang ka jero kamar. Boa pédah haté keur liwung.
Baca Juga: Fantastis! Segini Nominal Kenaikan Gaji Pensiunan PNS 2023 Golongan I-IV, Mencapai 1 Miliar?
Ngadon ngalangeu dina jandéla kamar parat nepi ka isuk.
Si Jago geus répéh kongkorongok, teuing capéeun teuing pédah taya nu maliré. Kétang, si jago onaman teu bogaeun rarasaan, rék dipaliré atawa hanteu gé unggal isuk sumanget mapag panonpoé ku kongkorongokna.
Hanjakal kuring lain si jago nu tonggoy najan taya nu maliré.
Haté gegebegan waé. Trauma nyaanna gé. Awak dikakaya kieu nepi ka pasiksak, hésé ngalieuk-lieuk acan da dipasangan cavelar dina beuheung, bati dibantingkeun ku manéhna, tuluy dicekék.
Teu walakaya ngalawan tanagana apan pangawakan kuring mah leutik kudu ngalawan tanaga nu keur katumpangan sétan téa atuh, lain lawaneun.
Artikel Terkait
Carita Pondok: KURUPUK UDANG DINA TOPLES
Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA
Carita Pondok: VILA CANTIKA