Carita Pondok: MALATI KARI BODASNA

- Sabtu, 3 Desember 2022 | 10:00 WIB
Ilustrasi carpon Malati kari Bodasna. (Arsacadipura)
Ilustrasi carpon Malati kari Bodasna. (Arsacadipura)

***

Cireumis 'na tungtung dangdaunan ngareclakan ngawakilan cipanon kuring nu geus lila garing. Teuing naon pédahna, geus lila gé teu bisa deui ceurik ngageunggeuik da kahayang mah gagauran ngarah longsong.

Poto budak dina hapé diteuteup deui. Budak nu keur ceurik dina lahunan bapana nu nyengir pikasieunuen.

Haté ngajerit. Gusti, salametkeun kembang katresna abdi. Gening nu kasép téh sakitu seukeut haténa. Teu kaur dideukeutan ku Bapana sok tuluy léwéh. Emh, hampura indung hidep, Sujang. Hampura teu bisa gabagjakeun hidep. Bet diparengkeun boga Bapa sahaok gaplok nu taya nurani ka budak pentil gé.

Deudeuh anaking, meureun salila ieu batin hidep jumerit. Hampura indung hidep nu teu peka. Hampura salila ieu tohtohan teuing ngudag dunya nu tungtungna mah kalah beuki dipaké teu bener ku bapa hidep. Hampura...

Ayeuna waktuna nebus sagala kasalahan ka hidep, anaking. Sanajan kudu taroh nyawa keur hidep, moal mikir panjang.

Pengacara geus ditelepon pikeun nyabut gugatan.

Peuting beuki ngolotan, teu sabar nungguan meletékna srangéngé, hayang panggih jeung kembang katrésna. Geus hayang nangkeup, ngambung seungit kayu putih awakna nu cenah rék dipulangkeun poé isuk.

Jandéla kamar dipeundeutkeun deui. Malati nu maluguran ukur marakbak bodasna, geus teu kaambung seungitna.

YON'S IFA resep nulis ti SMP kénéh. Taun 2009 mimiti nulis dina Basa Sunda. Ayeuna ngokolakeun Pabukon di salah sahiji SMK Swasta.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Carita Pondok: SAPIKER TOA

Sabtu, 25 Maret 2023 | 11:00 WIB

Cerita Pendek: TIBA-TIBA SEMUA MENGHILANG

Sabtu, 18 Maret 2023 | 10:36 WIB

Carita Pondok: UCING TATANGGA

Sabtu, 11 Maret 2023 | 08:16 WIB

Carita Pondok: MANG APAN

Sabtu, 25 Februari 2023 | 11:31 WIB

Cerita Pendek: PSIKOTIK

Sabtu, 18 Februari 2023 | 07:18 WIB

Carita Pondok: AWEUHAN PANINEUNGAN

Sabtu, 11 Februari 2023 | 08:28 WIB

Carita Pondok: Lalakon Bihari

Sabtu, 28 Januari 2023 | 13:33 WIB

Carita Pondok: NONA ANGSANA

Sabtu, 14 Januari 2023 | 10:53 WIB

Cerita Pendek: TEMAN BARU SEMASA RONDA

Sabtu, 7 Januari 2023 | 12:28 WIB

Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING

Sabtu, 31 Desember 2022 | 11:34 WIB

Cerita Pendek: PEREMPUAN BERPAYUNG BIRU

Sabtu, 24 Desember 2022 | 08:00 WIB

Carita Pondok: BOLU MILANGKALA

Sabtu, 17 Desember 2022 | 08:00 WIB

Carita Pondok: MALATI KARI BODASNA

Sabtu, 3 Desember 2022 | 10:00 WIB

Cerita Pendek: PEREMPUAN YANG INGIN MENYULAM BIBIRNYA

Sabtu, 26 November 2022 | 10:01 WIB

Carita Pondok: VILA CANTIKA

Sabtu, 19 November 2022 | 06:43 WIB

Cerita Pendek: GROOTE POST WEG 17

Sabtu, 12 November 2022 | 14:00 WIB

Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA

Sabtu, 5 November 2022 | 08:36 WIB

Cerita Pendek: KABUT KEMBANG RANDU

Sabtu, 29 Oktober 2022 | 06:59 WIB
X