Carita Pondok: MALATI KARI BODASNA

- Sabtu, 3 Desember 2022 | 10:00 WIB
Ilustrasi carpon Malati kari Bodasna. (Arsacadipura)
Ilustrasi carpon Malati kari Bodasna. (Arsacadipura)

Pangpangna nyalametkeun awak.

Nguat-nguat manéh sotéh pédah geus boga budak, da kahayang mah papirak téh ti basa mimiti apal kumaha pasipatan asli manéhna.

Nu kapikir téh deuih bet fans, maklum karier keur nanjak, kumaha mun nepi ka kuring papirak, kabayang kuciwana fans-fans kuring nu sakitu bagjana ngajangjaruhkeun kuring jeung manéhna. Pajar pasangan harmonis.

Tangtu moal aya nu engeuheun, mun geus lila kuring apal panjangna peuting, ngadon nunggelis nyileuk nungguan salaki nu teu inget balik bari muka jandéla kamar, ngadon ngitungan malati nu marakbak bari teu kaseuseup seungitna.

Malati pelak manéhna basa anyar ngeusian imah ieu.

"Upami muka jandéla téh tiasa langsung nyeuseup seungitna," kitu pokna harita.

Horéng ukur bisa melakna wungkul, da nu nyéboran mah angger kuring. Teu béda kawas rumahtangga urang, ukur nunda ngaran wungkul kepala rumahtangga téh, saenyana mah sagala jadi tanggung jawab kuring. Kuring nu luut-léét késangna, manéhna nu ngawur-ngawurna. Nyeri haté?

Ah nyaéta ieu haté geus baal deui, tatu geus lita kalétak mangsa.

Geus teu hayang deui ngaroris eusi chat dina hapéna kawas mimiti kawin. Da apal geus pasti leungeun rubakna nampiling kana pipi, matak nyésakeun peurih 'na juru haté.

Geus teu hayang deui nanyakeun mondok di mana mun teu balik téh, da geus pasti kalah ngirim poto keur pagégéyé jeung awéwé séjén.

Jor téh teuing mun teu jeung nyiksa awak kuring mah. Haté onaman bisa dipindingan najan hésé béléké, ari tatu awak mah apan katempo ku batur gé. Hésé nyumputkeunana mun kudu manggung bari suku nyeri tapak diténgkas.

Moal teu ramé dina media nu nanyakeun naha leumpang ka panggung bet ingkud. Sakali dua kali mah tangtu percayaeun mun kuring bébéja labuh. Tapi ku sering-sering mah bakal jadi aranéheun batur gé.

Komo apan fans kuring mah sakitu telikna. Kungsi tiung nyéngsol basa show, apan fans kuring mah tuluy komén, "Dede sanaos tiungna nyéngsol gé angger geulis. Komo pami rapih mah, geulis pisan."

Matak salila ieu nyumputkeun sagalana demi fans. Tapi ayeuna mah geus teu bisa dipindingan deui. Geus gilig, geus ngajukeun perkara. Moal beunang diolo deui ku rayuan gombal manéhna kawas nu enggeus-eunggeus. Sideku bari muntangan suku, jangji moal ngakaya kuring deui. Buktina? Geus dihampura mah isukna poho deui kana jangji.

Matak ayeuna mah paduli teuing ku fans.

Geus teu hayang mikiran karier. Nu kapikir ukur nyalametkeun diri. Mun lain kuring nu nyaah ka awak sorangan, rék saha?

Sidang geus dijadwalkeun. Najan awak can cageur bener, rék datang ka rohang sidang. Rék betus sagala nu salila ieu disidem na sédong haté nu pangjerona, diheungheum ku sorangan matak ngajadikeun getih nguwung 'na kahirupan kuring.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Carita Pondok: SAPIKER TOA

Sabtu, 25 Maret 2023 | 11:00 WIB

Cerita Pendek: TIBA-TIBA SEMUA MENGHILANG

Sabtu, 18 Maret 2023 | 10:36 WIB

Carita Pondok: UCING TATANGGA

Sabtu, 11 Maret 2023 | 08:16 WIB

Carita Pondok: MANG APAN

Sabtu, 25 Februari 2023 | 11:31 WIB

Cerita Pendek: PSIKOTIK

Sabtu, 18 Februari 2023 | 07:18 WIB

Carita Pondok: AWEUHAN PANINEUNGAN

Sabtu, 11 Februari 2023 | 08:28 WIB

Carita Pondok: Lalakon Bihari

Sabtu, 28 Januari 2023 | 13:33 WIB

Carita Pondok: NONA ANGSANA

Sabtu, 14 Januari 2023 | 10:53 WIB

Cerita Pendek: TEMAN BARU SEMASA RONDA

Sabtu, 7 Januari 2023 | 12:28 WIB

Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING

Sabtu, 31 Desember 2022 | 11:34 WIB

Cerita Pendek: PEREMPUAN BERPAYUNG BIRU

Sabtu, 24 Desember 2022 | 08:00 WIB

Carita Pondok: BOLU MILANGKALA

Sabtu, 17 Desember 2022 | 08:00 WIB

Carita Pondok: MALATI KARI BODASNA

Sabtu, 3 Desember 2022 | 10:00 WIB

Cerita Pendek: PEREMPUAN YANG INGIN MENYULAM BIBIRNYA

Sabtu, 26 November 2022 | 10:01 WIB

Carita Pondok: VILA CANTIKA

Sabtu, 19 November 2022 | 06:43 WIB

Cerita Pendek: GROOTE POST WEG 17

Sabtu, 12 November 2022 | 14:00 WIB

Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA

Sabtu, 5 November 2022 | 08:36 WIB

Cerita Pendek: KABUT KEMBANG RANDU

Sabtu, 29 Oktober 2022 | 06:59 WIB
X