MIA nangtung hareupeun jandéla nu muka. Di kamarna. Angin ngalamotan beungeutna nu semu piyas alatan teu diwedak-wedak acan. Buukna nu semet taktak, rada apung-apungan. Ditiupan angin bangor.
Méh satengah jam lilana, manéhna nangtung di dinya. Neuteup hapa ka luar, ka pakarangan nu hégar. Rupaning kekembangan minuhan. Kalan-kalan, nganteuran seungit nu nyambuang.
Tapi, Mia lain kataji ku kaéndahan nu ngahaja disayagikeun ku nu mibanda vila saméméhna, nu laju ngajual vila sababaraha bulan ka tukang. Vila nu kiwari didumukan ku Mia.
“Juragan Istri,” Nunuy, lanjang anyarna nu umurna dua puluh lima taun, nangtung tukangeunana.”Badé tuang ayeuna?”
Sirah Mia lalaunan gideug. “Ngantosan Cantika mulih.”
“Tapi, Juragan Istri…Néng Cantika nembé mulih sonten, margi ngiring kagiatan ékskul tari heula di sakolana,” Nunuy ngécéskeun.
Mia ngarérét saeutik kana pigeulang kénca. Kana arloji nu meulit.
Nunuy, najan karék sabulan gawé di ieu vila, tapi getén pisan tur nalingakeun kana sakabéh kagiatan Cantika-- nu ku Mia sorangan remen kapopohokeun. Mia saenyana teu aya maksud mamaharékeun Cantika. Ngan, ku sabab geus lila teuleum dina kagiatan di metropolitan. Jadi, sanggeus nyindekkeun moal deui nguruskeun sakabéh bisnisna, manéhna gé can biasa ngajejentul teu puguh laku di imah. Kaasup, sakapeung bingung naon nu kudu dipilampah keur Cantika, budak kameumeutna. Nu kacida didama-damana.
Baca Juga: Benarkah Honorer Tidak Lulus PPPK 2022 Bisa Diangkat CPNS 2023? Cek Faktanya
Artikel Terkait
Carita Pondok: GUPAY PANUNGTUNG
Carita Pondok: KURUPUK UDANG DINA TOPLES
Carita Pondok: HIJI WENGI SISI TALAGA