Manéhna, geus lawas ngeueung sisi talaga. Teuing geus sabaraha puluh purnama lilana. Peuting harita basa manéna mimiti datang, ngalénghoy bangun taya tangan pangawasa. Datang-datang ngan brek waé diuk ngabeubeutkeun manéh. Gamisna nu ngagapuy semet mumuncangan kusut. Paromanna alum lir anu keur ngemu kabingung anu pohara.
Reup, panonna dipeureumkeun. Laju nyanghunjarkeun sukuna, nyarandékeun awakna. Sabudeureun simpé.
Teu lila rénghapna kapireng ngawirahma antaré pisan. Manéhna nyungsi alam pangimpian diusapan angin peuting jeung dihibaran cahaya bulan. Geulis nakeran geuning manéhna téh keur tibra mah teu katémbong raut susahna. Ngan hanjakal teu lila neuteup geulisna, nu keur tibra téh ujug-ujug juuh cisoca. Merebey mili mapay-mapay pipina. Rénghapna katara ngerepan. Tapi angger tibra dipépéndé hariring bulan.
Geus teu kaitung sabaraha lila manéhna sok ngadon niis pasosoré di dinya téh. Asana ti saméméh wabah sumarambah di ieu wewengkon, manéhna mah sok datang ngadon niis pasosoré nyorangan téh. Mimitina mah barang reup layung surup di peuntas talaga ogé sok geus buru-buru balik. Tapi lila-lila balikna téh lamun peuting geus ngolotan.
Baca Juga: Viral Video Genit Putri Candrawathi Berani Bercanda Hingga Sentuh Pengacara, Netizen Auto Geram
Sok hayang nyaho, naha manéhna téh boga kulawarga atawa hirup nyorangan? Naha boga anak jeung salaki atawa parawan? Boa hirup rarandaan sabeulah sasemplék. Éta waé mani bébas, ngeueng nyorangan dina simpé, bangun nu teu boga uruseun ngarumah tangga.
Teu kateguh sabaraha taun umurna. Pangawakan jangkung leutik. Leuwih condong ka rangkebong. Nempo dangdananana nu bararuni ampir ka rarangkedutan mah siga nu geus genep puluh taunan mah. Tapi ari pareng katéwak réngkakna kacaangan bulan, moal jauh ti opat puluhan. Da sok katempo ari mungkur ti dieu mah léngkahna teteg pinuh ku sumanget.
Siga peuting ayeuna, bulan caang di langit taya nu ngahalangan. Manéhna geus anjog ti soré kénéh. Asa aya nu béda ayeuna mah papakéanana. Buukna nu biasa buni ditiungan panjang kiwari mah ngan saukur katutupan salambar karémbong. Barang datang téh teu sirikna ngaharémpoy ngadeukeutan batu lémpar handapeun tangkal nu biasana. Gubrag, diuk satengah ngabeubeutkeun manéh.
Jep, sabudeureun simpé. Simpé, kawas nu surti. Aya hiji tangtungan nu keur hayang niis gumulung jeung jempling. Nepi ka angin ogé nahan ambekan. Dangdaunan bangun nu tipepereket muntang, sieun matak gareuwah ka nu anyar datang.
Bulan luhur talaga, saeutik-saeutik, lalaunan mapay-mapay suku langit. Manéhna nguniang cengkat. Buukna ririaban, ngusapan awak rengkungna. Kapireng inghakna sapanjang peteng. Manéhna midangdam kanyenyerian bari ranggah nyawang purnama. Cimatana juuh lir ibarat hujan pateran, angin ujug-ujug séah ngaweuhan tina beungeut cai talaga. Hélok titingalian basa nempo cipanonna léb-léban minuhan talaga. Limpas talaga caah, ngarurud sakur nu kaliwatan.
Artikel Terkait
Carita Pondok: MARSIH
Carita Pondok: LENGLANG-LENGLANG SAWAH URANG
Carita Pondok: GUPAY PANUNGTUNG
Carita Pondok: KURUPUK UDANG DINA TOPLES