AYOBANDUNG.COM -- Di handap ieu mangrupakeun dongeng pendek Sunda atawa dongeng pondok Sunda. Barudak sakola sok butuh carita siga kieu kangge palajaran basa Sunda di sakola.
Lantaran pendek atawa pondok, loba oge nu nyebut dongeng ieu disebut dongeng Sunda singkat.
Dongeng Sunda bahasa Sunda pondok atawa singkat urang mimitian we nya, kieu dongengna. Judulna "Hayang Aya Kumisan".
Hayang Aya Kumisan
Si Jalu, budak kuring, geus kelas hiji sma. Di imah mah cicingeun budak téh. Can katingali begér ka awéwé. Duka tah di sakola na mah. Nu jelas, sora si Jalu rada bongbas ayeuna mah.
Hiji waktu si Jalu ménta duit lima rébu ka indungna.
"Jang naon atuh, Jalu?" ceuk indungna.
Si Jalu teu ngajawab. Kalah ka nanya deui, "Ari muncang sabaraha sakilona?"
"Teu apal. Tara meuli muncang. Jang naon?" Indungna nanya deui.
Artikel Terkait
Dongeng Pendek Sunda: Sangu Sesa
Dongeng Pendek Sunda: Putri Sawidak Loro