AYOBANDUNG.COM -- Di handap ieu mangrupakeun dongeng pendek Sunda atawa dongeng pondok Sunda. Barudak sakola sok butuh carita siga kieu kangge palajaran basa Sunda di sakola.
Lantaran pendek atawa pondok, loba oge nu nyebut dongeng ieu disebut dongeng Sunda singkat.
Dongeng Sunda bahasa Sunda pondok atawa singkat urang mimitian we nya, kieu dongengna. Judulna Putri Sawidak Loro.
Putri Sawidak Loro
Sawidak Loro téh putri Maranda. Umurna geus kolot. Tapi can meunang jodo.
Keur mah kolot, goréng patut deuih. Buukna mun diitung ngan aya 60 siki (sawidak). Huntuna nyengél ngan dua (loro). Tong boro lalaki, dedemit gé sarieuneun ningali pameunteuna.
Baca Juga: Dongeng Pendek Sunda: Sangu Sesa
Ku Maranda, indungna, Sawidak Loro téh sapopoéna dikeureum wé di kamar. Bakat ku éra.
Sanajan kitu, indung mah muji wé ka nu jadi anak. Unggal peuting, Maranda ngahémanan.
"Enon, nu panggeulisna saalam dunya, teu acan obo? Sakedap deui badé aya pangéran ngalamar ka Enon. Di nagari ieu, mung Enon nu pantes ngaréndéng jeung pangéran," ceuk Maranda.
Pujian Maranda sabenerna du'a. Du'a éta kadéngéeun ku pangéran nu keur reureuh hareupeun imah Maranda. Eta pangéran téh capé, sangeus milari calon permaisuri.
Artikel Terkait
Carita Pondok: SAJERONING ATI
Carita Pondok: TANGKAL DARAJAT
Carita Pondok: MARSIH
Carita Pondok: LENGLANG-LENGLANG SAWAH URANG