Fiksimini Dudung Ridwan
UJANG meredih ka bapana. Hayang miluan sapédah hias nu diayakeun ku panicia Agustusan.
“Wios atuh, Pa, sapéda Ujang butut gé. Pami dihias mah pan janten saé.”
Bapana rumahuh. Lain ku horéam. Kahayang téh meni ngadadak? Kakara betus soré. Sedengkeun isukan isuk-isuk kudu geus der.
Bari uring-uringan, bapana belenyeng ka ditu ka dieu néangan keretas hias. Di toko deukeut imahna euweuh. Ledis dibarorong barudak. Magrib sareupna, biur ka kota. Tabuh dalapan peuting kakara hasil.
Reureuh sakeudeung, bapana laju ngahias sapéda. Si Ujang milu mantuan sanajan katinggali geus tunduh. “Jang, geus wé saré. Keun ieu mah ku Bapa.”
“Ah, hoyong mantuan Bapa Ujang mah.”
Tabuh tilu peuting kakara réngsé ngahias. Bari jeung henteu alus mah. Geus bérés mah, Bapana ngaguheur. Si Ujang kérék.
Tabuh tujuh isuk-isuk panicia gogorowokan tina sepéker. Nu badé ngiringan sapédah hias énggal geura kumpul.
Artikel Terkait
Carita Pondok: NU HARAYANG DITIKAH
Carita Pondok: MANG INTA MUNGGAH HAJI
Carita Pondok: SAJERONING ATI