Ku: Iis Firda Aulia
TALO BALAK¹) ditabeuh, mirig tarian khas adat Lampung ngabagéakeun calon pangantén awéwé nu kakara jol. Rég nu maranggul Rato²). Lalaunan diéncagkeun. Saenggeus Ngerukuk³) ti imahna, diabring-abring ka imah calon salakina, lalaunan manéhna turun tina Rato. Teuing pédah beurat ku makuta siger dina sirahna, manéhna tungkul baé. Kétang calon pangantén téh enya katémbong alum pamuluna.
Ari calon pangantén lalakina nu ngadeg di tukangeunna bari nyenyekel tumbak nu digantungan kitri jeung kendi dua sungut.
Bangun nu seunggah manéhna ngadeukeutan lalaki nu sakeudeung deui bakal jadi salakina. Tungtung tumbak bagéan tukang nu digantungan labayan bodasā“) téh dicekel.
Sirahna angger tungkul. Taya riuk-riuk gumbira rék dirapalan téh.
Tatabeuhan bangun nu milu mirig guligah haténa. Léngkahna bangun nu beurat diséréd ka tempat pelaminan.
Calon pisalakieunna mah katempo marahmay baé. Basa indungna ngalungkeun sawéran siksik konéng jeung duit kencring gé teu sirikna rék milu nyanggap.
Bérés sawér, sukuna dianclumkeun kana pasu, nyaéta wadah tina taneuh nu ditatakan kuningan, dieusian cai jeung butiti cau batu, kembang titew, daun sosor bebek, lengkep jeung kembang tujuh rupa.
Ras prosési sarupa, genep bulan kalarung. Basa manéhna nyaksian upacara adat lanceukna.
"Ngarah naon suku dianclumkeun téh?" pokna tetelepék ka indungna.
"Tatéh simbol kasalametan, katenangan haté, jeung harepan ngarah rumah tanggana mulus rahayu."
Artikel Terkait
Carita Pondok: SANEKALA
Carita Pondok: DINA TUNGTUNG SIMPE