Esai Sunda: KAKAREN LEBARAN

- Jumat, 6 Mei 2022 | 07:24 WIB
Kakaren Lebaran, kueh nastar.
Kakaren Lebaran, kueh nastar.

AYOBANDUNG.COM -- Lebaran geus kana opat poéna ninggalkeun urang. Mun jang nu mudik bari wisata ka luar kota mah kari capéna. Manglila-lila, sabar, antri bermacét-macét ria. Nahan ka kesel, nahan panas. Tapi rada leuheung Lebaran taun ieu mah kaupahan--teu siga dua Lebaran ka tukang lantaran aya Covid-19--bisa ngumpul jeung kulawarga nu di kampung--bisa meupeuskeun kasono.

Nu teu mudik gé teu kurang capéna da ti méméh Lebaran geus pakpikpeuk nyieunan kuéh wajib: nastar, putri salju, kuéh kacang, kasténgel, cistik, jeung kuéh kering séjénna. Geus puguh sabangsaning dahareun tradisional mah: opak, ranginang, téngténg, peuyeum ketan, ulén, jrrd.

Di poé Lebaranna nu wajib kudu aya: opor hayam jeung kupatna. Ditambah tumas tumisna: sambel goréng kentang, capcay, jeung tumis cabé gendot. Mun aya kénéh duitna, tambahan ku rendang atawa gulé cokor sapi.

Dahareun éta téh ampir di unggal imah aya. Jadi, mun nyémah ka tatangga atawa ka sadérék téh tara mak-mak mek-mek kana dahareun. Cukup saayana, ukur ngabagéakeun tuan rumah. Samalah, aya nu teu nyabak-anyabak acan—cukup silaturahmi, cukup sasalaman. Naon sabab? Da di imah gé sarua loba dahareun.

Tah, lantaran di unggal imah loba kadahareun, tungtuna loba sésa dahareun. Loba “kakarén”. Meureun ti dieu mimitina muncul istilah “kakarén” téh. Ceuk Kamus Basa Sunda R. Satjadibrata mah kecap “kakarén” téh robahan tina kecap kakarian—kari, sésa. Kadahareun urut. Tangtuna lain ngan saukur kadaharan sésa Lebaran wungkul, nu ngaranna “kakarén” bisa ogé kadaharan sésa urut hajat badag: kakarén hajat.

Geuning, sok aya paribasa “hayu urang nganjang ka imah si Pulan nu geus ngawinkeun. Urang moro kakarénna.”

“Kakarén” Lebaran dina waktu saminggu, sabulan, atawa leuwih—malah nepi ka éta dahareun kadaluwarsa--sok araya kénéh di imah. Nastar teu ka toél. Anggeur na toplés, teu nyocéng. Kuéh putri salju awét, malah mah bodasna aya héjoan, barulukan. Rék dibikeun, batur ge barogaeun kénéh. Paling, ari teu boseun mah dicicil, didaharan bari lalajo tipi. Tapi, lila-lila boseun ogé.

Baca Juga: Esai Sunda: Jadi Sato atawa jadi Jalma Mulia?

Sawaréh dibawa ka kantor. Tapi batur sakantor gé barogaeun. Geus puguh, tumas tumis mah geus dihijikeun, jadi haseum. Dihaneutkeun deui. Dihaneutkeun deui, atuh ngaranna robah jadi “boléndrang”. Lila-lila mun didahar pipanyakiteun. Tungtungna dipiceun.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Terkini

5 Jejak Sejarah Bung Karno di Kota Bandung

Senin, 6 Juni 2022 | 17:04 WIB

Esai Sunda: KAKAREN LEBARAN

Jumat, 6 Mei 2022 | 07:24 WIB

Sastra Sunda: NYAI MERTASINGA

Sabtu, 23 April 2022 | 14:08 WIB

Berziarah ke Makam Sembah Dalem Wirasuta Cimahi

Senin, 7 Maret 2022 | 19:24 WIB

Sejarah Jalan Braga di Kota Bandung

Jumat, 18 Februari 2022 | 13:57 WIB
X