Sastra Sunda: NYAI MERTASINGA

- Sabtu, 23 April 2022 | 14:08 WIB
Nyai Mertasinga. (Arsacadipura)
Nyai Mertasinga. (Arsacadipura)



Ku: Sri Paudwal

TABUH 11 peuting karék nepi ka imah. Rurusuhan ganti baju, laju meresihan beungeut tina 'make-up' nu napel sapoé jeput. Ma'lum atuh, ari digawé di pausahaan swasta mah, komo bari jeung kudu nyanghareupan klien-klien nu lain bantrak-bantrakeun mah.

Awak téh kudu katingali hégar marahmay, sareungit jeung teu meunang némbongkeun kacapé. Sangkan nu diajak nyarita kataji ku produk nu ditawarkeun ku kuring.
Nya meujeuh mun dangdan satakerna téh, sagala ditapelkeun, sagala diterapkeun jiga rék manggung.

Geus jadi kabiasaan saméméh ngeunteung dina méja rias, sok panasaran mun teu ngeunteung deui kana eunteung nu némpél dina témbok deukeut panto kamar.

Kojéngkang hudang laju nangtung hareupeun eunteung, neuteup beungeut nu pias teu katutupan ku bedak atawa pupur pangirut, laju gulak-gilek cecentilan, ulal-elél jiga budak leutik manggih cocooan. Nyéh, seuri. Basa nu di jero eunteung ngiluan sagala ketak jeung polah nu dilakukeun.

Birigidig, ngabirigidig, mun inget ka dongéng nini nu nyaritakeun lalakon eunteung nu geus malastrakeun réwuan jawara.

Teu cacah, teu ménak, pada-pada hayang mibanda eunteung éta. Malah mah, ti unggal paguron satatar pulo Jawa Banten nepikeun ka Lampung ngahaja nurunkeun jago-jagona, nurunkeun para jawarana nu teu teurak ku pakarang. Loba paguron nu kari ngaran, ancur gara-gara eunteung ieu.

Rada hémeng. Eunteung ditatap diusap. Bréh. Hulu naga kénca katuhu nu keur calawak, panonna beureum jiga aya seuneuan. Sisina, awak naga nu paparéngkolan. Buntutna cagak. Di tengah-tengah hulu naga jiga aya batu beureum teuing naon ngaranna. Ngan sakapeung sok robah kelirna.

Reup. Meureumkeun panon sakedapan, ngusap dada neger-neger manéh ngabayangkeun eunteung antik, nu ceuk cenah umurna geus ratusan taun. Nu teu weléh ngabaturan hirup Uyut Laswi Atmaja, jeung turunanana. Mun teu salah, nini téh turunan ka salapan, nu diamanatan ngaruwatan eunteung.

Ayeuna kuring nu kaamanatan kudu daék ngarawatan eunteung sanggeus nini taya dikieuna.
Rupa-rupa patalékan nungtut jawaban. Naha jeung naha. Naha pedah kuring bisa ningali jirim nu teu bisa ditingali ku nu bolotot atawa aya nu leuwih ti éta. Rupa-rupa patalékan digenggem, dibeuweung diutahkeun, inggis ku bisi rempan ku kaayaan.

Percaya teu percaya mun ieu eunteung titinggal karajaan Pajajaran. Jamanna Prabu Dewataprana Sri Baduga Maharaja atawa nu katelahna Prabu Siliwangi. Tah cenah eunteung ieu téh warisan ti incuna nu jenenganana, Nyai Mertasinga.

Duka enya, duka teuing. Teu apal sajarah nu sabenerna mah, sab loba nu dirusiahkeun. Malah sakapeung mah, mun nyaritakeun soal ti mana eunteung asalna, sora nini sok semu humandeuar bangun nahan nu nyelek 'na tikoro.

Bangun nu kapaksa, laju nini nangtung teu poho nyokot cai dina geulas nu geus nyampak dina méja. Teuteupna nu anteb jiga jauh panineungan. Teu kungsi lila ngagupayan nitah nyampeurkeun, laju nangtung duaan bari neuteup eunteung. Aya meureun lima menitan neuteup eunteung saméméh nini ngusapkeun cai hérang nu aya dina gelas.

Bray. Jero eunteung bet jiga televisi nu nyiarkeun film. Hémeng.
Samar-samar aya lalaki tengah tuwuh nu keur adug songkol, awakna raca tapak panyiksa keur digugusur ku dua lalaki nu teu eureun nananyakeun eunteung.

"Di mana eunteungna?" pokna. Sorana ngajelegur teu leuwih jiga gelap salésér, matak soak. Nu ditanya teu ngajawab ngadon milih awakna ancur dibubat-babit ku jelema telenges.

Jerit, kadéngé sora nu ngajerit nahan nyeri nu liwat saking.
Les. Jempling. Ambekan ngadadak beurat bareng jeung awak nu ngageter ngeleper.

"Ni...!" Ngan wasa saucap.

Jagat eundeur marengan keteg jajantung nu meh ajol-ajolan.

Tapi teuing ku naon ieu haté hayang mindahkeun eunteung nu ujug-ujug aya di kamar. Lain teu hayang dipapantes ku eunteung nu sakitu tohagana. Tapi rarasaan asa teu pararuguh. Unggal lilir katangen aya nu marengan, unggal ngaringkang karasa aya nu ngabaturan. Mun datang peuting teu weléh dibarengan kakeueung.

Nu ngagilisir, nu ngusap, nu ngalendotan, nu ngadegungkeun, nu ngababuk waruga kabeh karasa.

Kungsi ditanyakeun ka nu jadi indung, ogé ka si Aa. Éh, jawabanana téh, teuing teu nyaho bari jeung popolotot. Padahal rarasaan, nanyana teu sing maké tanaga. Éstu leuleuy. Tapi naha kalah jadi silih hereng, silih sengor. Antukna paséa teu pupuguh. Nu dipaséakeun mah anteng wéh ngabandungan, jigana téh ngeprokan. Atoh ningali nu paheuras-heuras genggerong. Robahna kasucian sajarah kaselir réka perdaya sétan jeung kasarakahan manusa.
 
Tungtungna kuring ngéléhan. Eunteung antik téh dipindahkeun deui ku sorangan, ka kamar urut nini najan bari jeung tibeberegeg ogé.

Matak bingung, salila leumpang ka kamar nini nu ukur kahalangan ku meja makan jeung kamar Si Aa, bet karasana jauh kacida. Padahal biasana gé ngan saukur 20 léngkah, teu leuwih ti tilu menit. Tapi naha, ieu geus leuwih ti sajam, rarasaan téh can nepi kénéh waé.

Tikoro geus karasa garing. Hanaang nu taya hinggana jiga nu teu manggih cai sapoé jeput.  
Suku geus teu bisa diléngkahkeun. Puguh deui leungeun mah kotka ngeleper jeung singsireumeun. Cangkeul kacida.

Reg. Eureun. Haté seseblakan. Bet asa ngembat jalan nu rék disorang téh, geuning. Leuwih panjang batan kalangkang karempan. Réa tapak dina lacak. Rupa-rupa léléwa jeung hahalang.

Euweuh hiji, datang hiji. Kitu jeung kitu taya kabosen. Lir, kahirupan nu keur dijalankeun ayeuna. Sagala ujian jeung cocoba, pilih genti teu euih-euih. Kurang-kurangna iman mah geus ka mana karep.

Keur ngararasakeun kacapé, bari nyusutan késang dina tarang. Dihareup, katingal aya nu ngabedega, bari jeung maké pakéan jiga ponggawa karajaan. Leungeun katuhu nyekelan tumbak nu panjangna ampir saawakna nu jangkungna salalangit imah.

"Arék di kamanakeun?" pokna bari jeung ngantelkeun tombak kana dada.

Reuwas nu taya hinggana. Haté ngalenyap, aya amarah, aya tugenah, lara prihatin pagaliwota narémbongan. Bororaah hayang ngajawab, nu aya kalah matak ngaclengkeun lelembutan.

"Ulah sangeunahna mindahkeun barang nu Jungjunan kami!" pokna bari jeung molotot.

Méh-méhan siki panonna kaluar. Matak soak.

Tong boroning dipolototan bari diasongan tombak. Ningali ngabedegana gé geus matak kapiuhan.

"Moal di kamamanakeun, barina gé rék ditunda kana urutna," cekéng neger-neger manéh.

Dijawab kitu téh, nu ngabedega seuri ngagakgak. Matak eundeur jero imah.  
Jajantung ratug tutunggulan teu ngawirahma. Baju beueus kabaseuhan ku késang nu juuh tina awak.

"Hmm...," cenah. Nu ngabedega kadéngé ngagerem.

Les, ngaleungit, ilang tanpa karana. Sajongjongan jempling deui. Rénghap. Kuring ngarénghap panjang bari nyusutan késang nu terus nyurulung dina awak. Malah aya nu nyakclak kana biwir, ngan anéhna karasana hanyir jiga getih. Cuh, diciduhkeun. Laju, ngaléngkah deui najan karasa gejed.

Karék gé dua léngkah. Suku geus teu bisa diléngkahkeun, rarasaan téh aya nu muntangan.
Bari rada asa-asa, kuring tungkul ningal kahandap. Nyaan wéh, aya leungeun buluan, kukuna panjang jeung harideung. Tapi awakna teu katingali keur muntangan suku.

"Leupaskeun!" pok téh, bari jeung ngejatkeun suku satarikna.

Koléang. Leungeun nu buluan. Ngoléang jiga kapas kaanginan. Teuing di mana nyangsangna.

"Goblog. Na naon atuh sia teh?" Ngabirigidig.

Reuwas kareureuhnakeun. Terus istigfar. Ngan saukur bisa istigfar nyanghareupan kajadian nu diluar nalar jeung teu asup akal.

"Na, siah. Barina gé kari ngaruwatan, teu dititah dugalan pati jiga buyut-buyut sia, nu nandonkeun nyawa," cenah, ceuk sora gigireun.

Teuing saha. Teu hayang ngarérétna. Da, pasti moal aya jirimna. Ngan, pikiran téh, hayang geura nepi ka kamar urut nini. Kamar nu salila ieu dipupusti ku nu jadi indung.

"Naha maké teu sanggup sagala dititipan téh. Amanat tungturunan nu geus disanggupan ku buyut, manéh."

Geus, pok deui waé nu ngomong gigireun.

Asa beuki rebing ceuli téh. Teu didéngé, da kadéngé, teu dirérét, da karérét ku juru panon ngan saukur kalangkang sorangan nu keur nyekel eunteung.

"Sing iklas, Cu!" sora nini nompo kana ceuli.

"Iklas naon, ni? Lain teu hayang kamar Mia dipapantes ku eunteung ieu. Intina mah, Mia sieun, wéh," jawab téh bari les-lesan.

Awak beuki karasa leuseuh. Tetempoan tingburicak reup bray, haté ngalenyap pangacian teu puguh pangeunteupan. Gubrag. Teu inget di bumi alam. Tapi rarasaan téh kuring keur ditingker ku puluhan jawara nu keur ngaluarkeun sagala kasaktianana. Bari méménta eunteung nu keur ditangkeup pageuh.

Sabisa-bisa kuring tihot-hat nyalametkeun manéh tina panarajang para jawara.

"Ka dieukeun eunteungna. Urang diancurkeun sakalian ku kami!" ceuk hiji jawara nu maké baju hideung-hideung.

"Duruk sakalian!" Raéng nu ngalokan.

"Manéh kudu nyaho. Éta eunteung téh loba nyokot sukma nu dijadikeun wadal kasarakahan. Ka dieukeun, urang diancurkeun!" pokna tatag bari mencrong ka kuring nu keur nanangkeup eunteung.

"Mi..., Mi..., Mia. Gugah geulis!"

Karasa awak aya nu ngoyag-ngoyagkeun jeung ngageroan ngaran. Didéngé-déngé téh, geuning sora nu jadi indung. Hayang mah beunta, tapi panon asa aya nu ngaganjel. Beurat kacida. Dipaksakeun beunta, ngan saukur mélétét.

"Gugah, geulis!"

Kapireng deui nu ngageroan. Siki panon ngagiler ka katuhu, katingal nu jadi indung keur nyusutan cipanonna najan reyem-reyem, gé. Rét, deui ka kénca, nu jadi lanceuk keur nyekelan gelas bari ngajak seuri. Saeutik-saeutik, panon bisa dibeuntakeun.

"Tah, sadar ayeuna mah. Nanaonan atuh ngagolér dina panto ari nu jenong," pokna si Aa bari ngaheureuyan.

Da kitu kabiasaanana mun ngageroan kuring téh cukup ku jenong. Teuing pedah kuring jenong, duka kanyaahna.

"Eueut, heula nya!"

Sora nu dareuda ti nu jadi indung bari ngasongkeun gelas bawana si Aa. Si Aa nyangkéh kuring méh bisa nginum.  Regot. Cai sagelas dibéakkeun. Ser. Ngageleser maseuhan tikoro. Cep. Tiis kana awak, terus maju kana embun-embunan. Bray. Titingalian caang deui. Béngras deui, bari haté mah kebek ku pananya.

"Di mana ieu?" nanya ka nu jadi indung, nu teu weléh deudeuh mikanyaah, najan nu jadi anak goréng adat gé jeung mindeng nganyerikeun haténa.

Jempé. Taya nu ngajawab saurang gé. Nu jadi indung kalah silih pelong jeung si Aa. Teu lila, tarungkul jiga bueuk meunang mabuk.

"Di mana ieu?"

Sakali deui kuring nanya.

Jempling.

Koréjat. Buru-buru hudang basa inget kana eunteung nu rék dipindahkeun. Can, gé hudang. Titingalian asa muter. Awak asa aya nu mangpéngkeun ka luhur langit. Kalayang. Kakalayangan lir langlayangan nu kapakan. Hayang mah ngajerit ménta tulung, tapi sora ngan semet tikoro, sab taya saurang gé jelema nu katingal, iwal ti méga bodas nu udat-udat mayakpak sapapanjangna.

Gubrag. Awak ngagubrag di hiji tempat nu pinuh ku jukut nu haréjo. Matak seueul karasana. Teu rék seueul kumaha, atuh da satarikna ngagubrag bari jeung bujur heula.  

Hek, notog kana angen. Karék gé ngarénghap, acan kumpul pangacian, rentang-rentang ti jauhna katingal nu ngagidig leumpang nuju ka kuring jiga nu ambek. Rék lumpat néangan panyumputan, nu ngagidig geus aya dihareupeun mantén.

"Sira sopo?" Pokna nanya maké basa Jawa. Awakna nu bangbang jeung budina nu amprotan. Pikasieuneun. Matak seber ningalina. Pantes mun jadi bodigar téh.

Disidik-sidik beungeut nu kucem, bet asa kungsi wawuh. Tapi duka di mana jeung duka iraha.

"Saha manéh?"

Sesentak. Panonna nu bolotot kalah dibolototkeun. Paur ngacleng siki panonna.

"Nyai Mertasinga," jawab téh bari jeung bingung ku jawaban sorangan nu nyebutkeun ngaran Nyai. Jeung naha bet nyebutkeun ngaran batur, apanan ngaran kuring mah Mia Anggraeni. Ngaran nu geus dijiad, dibubur beureuman, dibubur bodasan ku nu jadi indung. Geus sah maké akte sagala rupa. Tapi kiwari, kena-kena nyanghareupan lalaki nu jangkung badag, nu dadana cukup keur tempat panyuuhan. Ngakukeun ngaran batur. Boa nu boga ngaranna ridoeun diaku ku kuring, boa bendu.

Mia Anggraeni. Éta ngaran kuring mah, titik. Nu duka tisaha bisa ningali nu teu katingali ku panon bolotot. Tapi naha ieu biwir nu teu diwengku bet ngaku ngaran nu séjén.

Hémeng. Saréwu pananya ngeunaan saha nu saenyana Nyai téh, jeung naha ujug-ujug aya dina tungtung létah kuring. Jeung naha deuih nu tadina sesengor nanya taya kasopan bet ngadadak tungkul bangun nu ajrih nataku.

"Neda, dihapunten nun gusti!"

Matak hélok. Unggeuk. Bari terus nunjuk kana eunteung. Rigidig, manéhna nyokot eunteung bari jeung depo-depo nyembah, jiga nyembah ka jelema.

"Mangga, Nun."

Terus undur-unduran. Karék gé ngiceup, nu undur-unduran ngiles, duka ka mana.

"Istighfar, Geulis!"

Sora nu jadi indung ninitah istigfar. Bray, beunta. Titinggalian asa surem. Sirah tingjaredud.

"Ulah ngalamun waé geura," walon Si Aa bari mencetan.

Rét, kana eunteung nu geus némpél deui dina urutna. Rénghap, ngarénghap panjang.
Sagala rupa nu karasa jeung kalakonan bieu ukur bisa ditarima ku hate, suwung pipikiran.
Rupa-rupa patalekan digenggem, dibeuweung diutahkeun, inggis ku bisi rempan ku kaayaan.

Lila-lila mah diantep wéh sina némpél di dinya. Dipikir-pikir mah, teu matak ngaruksak pemandangan ieuh. Lumayan bisa ngeunteung deui mun geus dangdan jeung deuih mun geus ngeunteung téh sagala pagawéan karasana hampang. Rék modél kumaha nasabah pasti kairut.

Kadieunakeun, bet loba kajadian nu teu asup akal. Sakapeung mah sok matak tingpuringkak bulu punduk. Teu kaop manggih kanyeri kaca eunteung sok ngadadak rumeuk, pinuh ku ciibun. Anéhna jiga getih, ngaberebey. Panasaran, nu disangka ciibun dina kaca eunteung téh diusapan ku leungeun.

Bréh. Leungeun lamokot ku getih.

Teu kungsi lila jelema nu nganyerikeun haté kuring kabéjakeun kacilakaan malah mah nepi kahanteuna. ***

Pakarangan, 310322

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Artikel Terkait

Terkini

5 Jejak Sejarah Bung Karno di Kota Bandung

Senin, 6 Juni 2022 | 17:04 WIB

Esai Sunda: KAKAREN LEBARAN

Jumat, 6 Mei 2022 | 07:24 WIB

Sastra Sunda: NYAI MERTASINGA

Sabtu, 23 April 2022 | 14:08 WIB

Berziarah ke Makam Sembah Dalem Wirasuta Cimahi

Senin, 7 Maret 2022 | 19:24 WIB

Sejarah Jalan Braga di Kota Bandung

Jumat, 18 Februari 2022 | 13:57 WIB
X