Ku: Ratna Ning
PAN urang tèh geus ngamerdèkakeun diri, jadi wanoja-wanoja pilihan nu teu keueung nyanghareupan geletukna nasib, hirup nyorangan alatan nogèncang ngarangkepkeun diri na hiji beungkeutan rumah tangga. Batur mah moal ngarti, kabisana ukur nyecenèh ngalèlècè kana status urang.
Sajajalan raweuy slogan “Srikandi Zaman Now, kudu berdaya ulah daèk diperdaya. Cawokah Tapi Motèkar. Wonder Women Emak Super. Binangkit Matak Meulit” dina poster jeung spanduk. Marakbak ngararangkènan sisi-sisi jalan, raweuy di sagèdèngeun poster jeung spanduk sèjèn. Poster jeung spanduk nu antukna mah matak nyeuit.
Girimis mimiti badag, maturan motor nu ngahaja dimodif sangkan lumpatna tarik, lir ngajak balap ka hujan nu mingkin ngagebrèt. Balap jeung hujan, jeung wanci nu geus maju burit.
Lebah pertelon hujan rongkah pisan. Manèhna nempo poster Srikandi Zaman Now geus ngalèklèk kateumbag angin. Ngeureunkeun motor lebah warung pudunan. Teu kuat awak karasa ngadègdèg kabaseuhan.
Mesen kopi hideung sagelas. Am kana roti nu ngabarak na mèja. Nyarandè na tihang kai, mèh pasesedek jeung nu reuteum sarwa ngiuhan. Nyèrangkeun ka lebah poster gambar manèhna jeung saparakanca, keur seuri bari meureupkeun leungeun, neuteup matapoè lir nangtangan nyongkabna kahirupan.
Poster nu dijieun sanggeus deklarasi. Tuluy diterap-terapkeun sapapanjang jalan nu kira katojo jeung aya lolongkrang. Harita mah asa ngagedur pisan sumanget tur tumuwuh harepan, panceg rèk nanjeurkeun ajèn inajèn diri salaku awèwè lèngoh nu hamo daèk dilèlècè jeung lemah.
“Sanajan urang borokokok gè tapi kudu ngabogaan ajèn diri. Kudu motèkar nèang jeung nyiptakeun lolongkrang pikeun ngaronjatkeun kahirupan urang, keur ngahuripan kulawarga. Utamana anak salaku didikeun, atikeun jeung tanggung jawab urang,” ceuk manèhna harita.
Sepakat. Mufakat. Satutas riungan bubar, nyongkab ngagedur harepan jeung sumanget anyar. Rèk paheuyeuk-heuyeuk leungeun pikeun ngaronjatkeun darajat hirup sangkan ulah tigebrus kana durukan.
Ramè gaungna Srikandi tèh. Geus mèh-mèhan eksis. Ngan program nu dijieun can ngabukti hiji gè. Nu aya ti poè ka poè ngan ririungan jeung iinditan nu teu pati metu. Kabawa sibuk ngupahan galau nu taya rèngsèna.
“Can cawengahlah. Heurin kènèh ku lèngkah. Bantuan heula nyieuhkeun popotongan nu haben nagen ngahèroan. Ka ditu ka dieuna euweuh kaluginaan. Dikukuntit ditututur, di intip dipapay-papay...” Ami masih kènèh mugen, alatan galau ku popotongan.
Artikel Terkait
Sastra Sunda: PAGAWE BANK
Sastra Sunda: HIBER KA BULAN
Sastra Sunda: GRACE DI KAFE SIMPE
Sastra Sunda: KEMBANG API
Sastra Sunda: POPOEAN