LENGKONG, AYOBANDUNG.COM -- Sastrawan Sunda Luegina Die kasinugrahan jadi pinunjul Hadiah Sastra Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS) 2022. Carita pondok karyana “Pabrik dina Mastaka Bapa” nu dimuat di Pikiran Rakyat, 12 Oktober 2021, geus ngéléhkeun karya pamilon séjenna. Hasil éta dibéwaraken Senén, 21 Pébruari 2022 dina acara Ngareuah-reuah Poé Basa Indung Sadunya, nu disiarkeun sacara langsung dina Zoom: ttps://s.id/hbii2022.
Di widang sajak, nu kasinugrahan pangajén nyaéta Ari Adriansyah. Karya sajakna “Jatining Langgeung” dimuat di Cacandran.com, 1 Juni 2021. Di widang anyar, fiksimini, nu kasinugrahan jadi pinunjul nyaéta Agus Sugianto, karyana “Meja Kai Mahoni” dimuat dina Grup FB Fiksimini Basa Sunda bulan Juni tahun 2021. Sedengkeun di widang ésay, eséy “Rék Ngawariskeun Naon?” beunangna Ade Irma S nu dimuat di Manglé no 2864 1 Desember 2021 kasinugraahan jadi pinunjulna.
Lugiena De mangrupakeun guru basa Sunda di SMPN Satu Atap Tamansari, Sumedang. Bukuna anu geus medal kumpulan carpon Jeruk jeung novél Layung Ngempur di Kampus Bungur. Nulis carpon dina rupa-rupa média.
Baca Juga: Sastra Sunda: ONDANGAN
Pikeun Lugiena De mah ieu téh hadiah nu katilu kalina. "Muhun, ieu katilu kalina. Kahiji kadua hilap deui kengingna kanggo karya taun sabaraha. Tapi anu pangpenting na mah bingah ku margi LBSS tiasa ngalalanyahan deui hadiah sastra. Mugia bae teras nyambung ka taun-taun saterasna," ceuk Lugiena, Salasa, 22 Februari 2022.
Lugiena miharep pangajaran basa daerah kahareupna bisa diakomodir kalayan resmi dina kurikulum nasional. "Minimalna kanggo pangajaran basa-basa daerah anu geus aya perguruan tinggi keguruanana (Sunda, Jawa, Bali). Ulah siga ayeuna, ukur diserat mulok. Da realisasina di handap mah kalah janten riceuw," pokna.
Pinunjul pirang-pirang saémbara séjénna ogé dibéwarakeun, di antarana Olimpiadeu Basa Sunda SMP/MTs, Olimpiadeu Basa Sunda SMA/SMK/MA/MAK, Pasanggiri Film Péndék Sunda Piala Duduh Durahman, Pasanggiri Vidéo Maca Ajip Rosidi, Pasanggiri Siaran Basa Sunda, Pasanggiri Tarucing Cakra, Pasanggiri Vidéo Maca Sajak Piala Ajip Rosidi, Pasanggiri Ngarang Carita Pondok, sareng Hadiah Sastra LBSS.
Pinunjul salengkepna tisa ditinggal di Singrancagé
https://www.youtube.com/channel/UCV_Fh8qM4Pg7_b1_gQ2gWlw
Artikel Terkait
Sastra Sunda: HIBER KA BULAN
Sastra Sunda: GRACE DI KAFE SIMPE
Sastra Sunda: KEMBANG API
Sastra Sunda: POPOEAN