Ku: Vonny Purwasih
WANCI liwat lohor. Kaayaan lembur Rancagitek, ceudeum haleungheum. Pihujaneun ngagarayot dina tungtung langit. Tatangkalan patingpelenoy kateumbag angin anu ngagelebug. Bareng jeung maralakna cai hujan, popoéan bogana Nonéng, lir anu dikomando. Baju kaos, calana panjang, daster batik, cindung, mukena, kutang, cangcut, naon ku hanteu, rabeng haliber tina kawat pamoéan muru tempat anu iuh. Tatangga sabudeureun imah Nonéng nu kabeneran nyaksian éta kajadian, jojorowokan ngabéjaan tatangga anu lianna. Antukna méh sakabéh tatangga di dinya, ronghok ti imahna séwang-séwangan.
Atang, jajaka kolot nu harita kabeneran ngaliwat ka pakarangan imah Nonéng, ngembang kadu. Can ngarti kana naon rupa anu kajadian, tetempoanana ujug-ujug poék. Atang walahwah-weuleuhweuh laju lumpat titatarajong muru imahna nu teu jauh ti dinya.
"Ku naon satéh, Sartang? Balik ngurek bet kalah siga nu weureu?" Ma Ésih, indungna, nanya bangun nu reuwas.
"Jeung éta naon nu napel dina beungeut manéh?" pokna deui bari nyidikeun lamak hideung nu nutupan panon anakna.
Atang, nu ngadéngé caritaan indungna ngahuleng. Lalaunan nyasaran lebah panonna. Gep, dampal leungeunna ngarampa sarupa lamak. Laju dikeupeul bari tuluy diilikan.
"Kutang?" ceuk Atang jeung indungna méh bareng.
"Badag kieu." Atang ngagerendeng. Panonna teu lésot nénjo kutang nu tadi nutupan panonna. Teuteupna kosong bari biwirna kumétap. Tiiran belut nu aya dina leungeun kéncana ngagepluk murag kana golodog.
"Kutang nu saha éta?" indungna nanya bari ngaréwag kutang hideung tina leungeun anakna. Atang nu lelembutanana keur ngacacang, ngarénjag kagareuwahkeun.
Artikel Terkait
Sastra Sunda: PAGAWE BANK
Sastra Sunda: HIBER KA BULAN
Sastra Sunda: GRACE DI KAFE SIMPE
Sastra Sunda: KEMBANG API