LENGKONG, AYOBANDUNG.COM -- Loba kajadian dina sabunderan permantanan (ngahaja nginjeum kecap Indonésa ‘mantan’ batan maké kecap Sunda, ‘urut’). Kajadian nu panganyarna, di Kota Bandung, AR (50) saurang guru SD dirogahala ku mantan salakina, N (56).
Siga nu geus dirarancang, N tabuh tujuh geus aya di gerbang sakola, nungguan AR sakola. Sangeus ningali AR asup ka buruan sakola, N langsung ngudag. N ngaluarkeun péso dapur. AR dicerek. Moal dicaritakeun kumaha saterusna. Tapi, AR ujug-ujug ngajoprak di buruan sakola bari baloboran ku geutih.
Guru nu lain jeung tangtuna murid-murid nu geus aya di sakola ngan ukur bisa naringalikeun. Nya da sarieuneun. Jaba si N ngacung-ngacung péso. “Tong aya nu nyampeurkeun. Kuring teu sieun. Kuring ngadagoan pulisi datang,” ceuk N.
Baca Juga: Penusukan Guru di Bandung, Pelaku Berdalih karena Perselingkuhan Belasan Tahun Lalu
Aya kutéga éta N ka mantan pamajikanna. Setan naon nu geus asup ka dirina nepi ka bisa ku kituna? Asa teu kaharti ku akal. Naon motifna? Timburu, dendam, geuleuh, bogoh kénéh? Èta kabéh teu penting.
Kudu inget wé, kapan korban téh mantan pamajikanna. Nu ngaranna mantan—sanajan geus lain-lain na d eui—aya we meureun tapakna: teu inget dina akad nikah kungsi rék mikanyaah? kungsi silih mikabogoh, kungsi silih pikaasih. Maennya euweuh tapakna dina salila rumah tangga puluhan taun?
Lamun dina enyana aya silih pikangéwa, kuduna bisa dimusawarahkeun. Hujan bakal aya raatna. Badai pasti berlalu.
Baca Juga: Putra Korban Penusukan Guru di Bandung Minta Hukuman Mati untuk Ayahnya
Tapi, kétang nu ngaranna nafsu jalma mah mémang kitu. Kapan ceuk Al Gazali mah, jelema nu nurut ka nafsu amarahna lir ibarat anjing atawa sato nu buas. Tapi, sabalikna jelema nu bisa nahan jeung ngendalikeun nafsu amarahna bakal jadi jalma mulia siga para nabi, para wali, para ulama, atawa jalma nu bijak lainna. Tinggal milih, rék jadi anjing atawa jadi jalma mulia?
Artikel Terkait
[Bandung Baheula] 4 Sejarah Nama Jalan di Kota Bandung, dari Braga hingga Dago
Paguyuban Sapedah Baheula Bandoeng Meriahkan Hari Kemerdekaan Indonesia
Baheula Balé Nyungcung, Ayeuna Masjid Raya Jawa Barat
Kulinér Sunda Jaman Baheula
Peuyeum Bandung (Baheula) Kamashur
Bandung Baheula: Masjid Mungsolkanas Masjid Pangkolotna di Bandung
Bandung Baheula: Kulinér Roti Légendaris di Bandung
Bandung Baheula: Tegallega Tempat Pacuan Kuda para Juragan
Dua Kaulinan Barudak Jaman Baheula: Pérépét Jéngkol jeung Sasalimpetan
Ti Baheula Urang Tionghoa Pinter Dagang