Ku: Wida Waridah
Maleman Taun Baru, Desember 2010
MOTOR tiger pulas biru teu bisa nyemprung cara sasari. Maleman taun baru pasti siga kieu. Sapanjang Jalan Dago pasti macѐt. Sora klakson patѐmbalan, kabѐh hayang paheula-heula nepi ka tujuan.
Bѐak Simpang Dago, jalan rada lowong. Manѐh metot gas. Angin peuting karasa nebak awak. Beungeut karasa tiis, komo dua leungeun mah, karasa camѐwѐk. Teuing ti mana jebulna pikiran tѐh, leungeun uing ujug-ujug ngodok saku jѐkѐt manѐh. Karasa rada haneut ayeuna mah.
Motor mѐngkol ka katuhu, terus nanjak, tanjakan nu asa teu manggih tungtungna. Sanggeus ngaliwatan tangkal pineus nu ngajѐjѐr sapanjang jalan, karѐk manѐh nurunkeun laju motor. Nepi hiji palataran, manѐh markirkeun motor di gigireun motor-motor nu aya di dinya.
“Rѐk ka mana?” Uing nanya sanggeus suku nincak taneuh.
“Ka tempat nu ѐndah,” manѐh nѐmbalan salsѐ pisan.
Manѐh muka hѐlm, tuluy ngaitkeun kana setang motor. Manѐh ngalѐng, ngajak leumpang muru jalan rada nanjak. Sanggeus leumpang rada nanjak, karѐk kaciri lampu tingkaretip nu dipasang tina dahan pineus nu hiji ka dahan pineus sѐjѐnna, nepi ka tungtung hiji gapura. Gapura nu dijieun tina kai golondongan. Aya papan ukuran 60 cm x 30 cm ngagantung dina gapura. Dina papan ѐta aya tulisan Amor.
“Ieu tempat naon? Café?” Uing nanya semu reuwas, manggih tempat kawas kieu di tempat nu hara-haraeun. Manѐh ukur imut.
Artikel Terkait
Sastra Sunda: HAMPURA DEWEK, EUY!
Sastra Sunda: PAGAWE BANK
Sastra Sunda: HIBER KA BULAN
Sastra Sunda: GRACE DI KAFE SIMPE