Ku: Yus R Ismail
KAKARA nepi ka Kafé Simpé téh. Milih tempat di jero, deukeut balong taman. Ti korsi lebah dieu mah atra lauk koi ngagaréboy dina cai canémbrang hérang. Biasana ogé ari arék sasarap téh milih tempat di dieu. Ngarah rinéh. Simpéna téh nyaan karasa. Hawana seger da puguh réa tatangkalan. Lebah handap mah malah tangkal pines jarangkung ogé apan ngahaja henteu dituar.
Laptop kakara dikaluarkeun. Hp dina méja masih muter Olivia Rodrigo ngahaleuangkeun lagu Traitor. Nyaan-nyaan masih bébérés basa aya anu ngagareuwahkeun téh.
“Hééyyy... Pelayan! Ka dieu...!” ceuk anu ngagorowok.
Kuring ngalieuk. Di méja peuntaseun balong taman aya mojang keur diuk. Pasti manéhna anu ngagorowok téh. Enya, da wanci haneut moyan wayah kieu mah nyaan simpé kafé téh di jero anu ditamankeun mah. Anu sasarap biasana marilih tempat di hareup, dina méja-korsi di jero rohangan. Apan enya méja-korsi anu lain mah karosong. Sedeng dina méja éta mojang aya jus jambu jeung emih goréng.
Pelayan anu ngaliwat téh ngarandeg, ngalieuk, tuluy nyampeurkeun.
“Muhun, aya naon?” pokna, sorana halon. Ti tempat kuring téh lumayan anggang, tapi kadangu hawar-hawar.
“Tah! Dahar!” ceuk si enéng téh bari nyurungkeun piring emih goréng. Pameunteuna baketut haseum.
Artikel Terkait
Sastra Sunda: ONDANGAN
Sastra Sunda: HAMPURA DEWEK, EUY!
Sastra Sunda: CINTA NU KARI 10%
Sastra Sunda: PAGAWE BANK
Sastra Sunda: HIBER KA BULAN