Ku: Iis Firda Aulia
"IEU LAIN lain karémbong samanéa. Salakadomas!" ceuk Bim bari ngasongkeun karémbong.
Kuring nampanan.
"Lah, naon bédana karémbong ieu jeung karémbong biasa? Iyon mah hayang jangjang! Rèk hiber ka bulan ayeuna kènèh. Nepungan Nini Antèh. Rék macangkrama bari nginum ci entèh. Ngarah poho tatu nu soèh, nu getihna ngalémbèrèh, nyambuangkeun seungit boéh .... "
"Hih, sok ka mana karep! Yeuh, hirup mah kudu bajoang. Pira aya masalah sakitu geus nyabit-nyabit boéh, kecing!" ceuk Bim.
"Ah, Bim. Manéh mah teu ngarasakeun, sakitnya tuh di sini!" ceuk kuring bari nyekel dada.
Bim nyèrèngèh. Sungutna metet ku kuéh.
"Moal pati-pati Amih jeung Apih ngajodokeun Iyon jeung lalaki nu teu sagawayah," ceuk Bim.
Iyon jebi. "Enya, sih, ganteng. Pangusaha sukses. Tapi mani teu kecét-kecét. Iyon embung kawin ka arca, Bim!"
Artikel Terkait
Sastra Sunda: HAMPURA DEWEK, EUY!
Sastra Sunda: CINTA NU KARI 10%
Sastra Sunda: PAGAWE BANK