Puguh ceuk saha ceuk saha Néng Cingut téh geulis. Matak henteu anéh lamun réa lalaki anu katarik ati sabada ningali potrétna. Hirupna beuki ngaberung. Beuki pipilih. Saukur anu bro-broan anu dilayanan. Nepi ka hiji waktu mah Néng Cingut ngandeg. Duka kumaha, naha bet ngandeg, padahal geus diusahakeun ku pél jeung kondom.
Mulang ka Amih téh sabada ngandeg. Néng Cingut embung ngalayanan saha waé ogé keur ngandeg mah. Amih ngagukguk kanyenyerian. Apih henteu nyarios sama sakali. Tapi Néng Cingut ningali aya anu ngalémbéréh dina pipi Apih. Ti harita Apih mah alim dipendakan. Eta ogé anu matak nyeri. Nyeri ku dirina. Nyeri ku kalakuanana anu ramijud.
Basa terusna Néng Cingut kaluron labuh tina ojég anu nganteur ka bidan, diopnameu aya dua mingguna, Apih mah sama sakali henteu ngalongok. Abah Haji mah sareng Ma Nyai ngahaja ti lembur ngalongok ka rumah sakit. Aya sataunna ti kaluron harita Apih mah alim pendak alim dipendakan. Lebaran ogé apan haré-haré. Malah basa Néng Cingut nyolongkrong rék nyuuh kana dampal sampéanna, Apih kalah ngajengkat.
Néng Cingut ampir unggal solat ngagukguk kanyenyerian. Tara kaluar ti kamarna. Gawéna saukur solat, ngaderes Qur’an, dikir. Bari henteu eureun ari balilihan, nginghak nepi ka ngagukgukna. Hiji peuting keur anteng tilawah, horéng Amih sareng Apih tos aya di payuneunana. Néng Cingut ngagukguk dina sampéan Apih. Teu karasaeun dina rambutna cipruk ku cisoca Apih.
Basa Lebaran mudik ka Négla, Néng Cingut mah henteu balik deui. Bari diajar deui ngaji ka Abah Haji sareng Ma Nyai, tara ieuh kaluar ti kamarna anu paragi Abah Haji nyepén. Nepi ka harita, kanyahoan ku Ma Haji sok nyerangkeun anu leumpang teunangan ka masjidkeun.
“Ngakuna mah manéhna téh urang Jakarta, Néng. Aya kana genep bulanna di dieu. Ngadon diajar ngaji ka Abah. Ngontrak kamar di urang lembur. Nyantri kalong téa disebutna. Lamun subuh tabuh tiluan Abah ka masjid, manéhna sok geus nyampak aya. Tahajud di juru. Sakapeung sok kadangu inghakna anu ditahan,” saur Abah Haji. “Ku Abah kungsi ditakon. Ujang téh ngora kénéh, ulah popohoan ibadah bari henteu diimbangan ku nyiar kipayah, da apan hirup téh kudu dibéayaan. Ari pék, cenah unggal poé ogé nyiar kipayah. Dina hp kutrat-kotrét, dina yutub-yutub kitu. Ah, teu ngarti Abah téh kana pajamanan.”
“Meureun geus jodo, Abah,” saur Ma Nyai. Néng Cingut imut. Kagugu ku Ma Nyai.
Jeung enyana, dijalanan ku Abah Haji, Néng Cingut ditepungkeun jeung jajaka anu sarua keur ngalakonan tobat cenah. Di bumi Abah Haji bada isya jangjianna téh. Ma Haji ngurab ketan dikacangan. Néng Cingut dicadar da embung katingali pameunteu, kecuali engké lamun si jajaka hayang ningali.
Basa si jajaka téa datang, Néng Cingut mah masih di kamar. Abah kakuping ngobrol jeung si jajaka. Ma Nyai terus ngajak Néng Cingut kaluar ti kamar. Barang gék dina sofa, Néng Cingut mani ngagebeg. Reuwas teu puguh rasakeunen. Puguh atuh, jajaka anu tungkul téh beuki sidik mah horéng téh Rudi. Rudi lanceukna Tita, anu ngagubruskeun dirina kana jurang geugeuleuh.
Henteu kungsi dipénta, Néng Cingut muka cadarna. Ayeuna mah Rudi anu ngagebeg, diukna nepi ka mundur. Horéng incu Abah Haji anu cenah aya taunna tara kaluar ti kamar, saukur ngaji-solat-dikir, horéng téh mojang anu kungsi digeugeuleuhna, mojang anu nyababkeun dirina ngarasa dosa saumur hirupna, mojang anu nyababkeun dirina henteu ngahampura kana kalakuanna sorangan.
Artikel Terkait
Sastra Sunda: ABAH PALAY KURBAN
Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI
Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN
Sastra Sunda: KATURUG KATUTUH
Sastra Sunda: NU CÉPLAK JEUNG SEUHAH
Sastra Sunda: MAPAG UDAT-UDAT BALEBAT
Sastra Sunda: LAGU PANINEUNGAN
Sastra Sunda: LAWUNG DI BASISIR CIUJUNG
Sastra Sunda: HARITA, SANGGEUS HAYAM MANG JANA BABAUNG
Mengangkat Bahasa dan Sastra Lokal: Menjaga Catatan Sejarah dari Kepunahan