Sastra Sunda: TINA JANDELA

- Sabtu, 30 Oktober 2021 | 10:25 WIB
Ilustrasi carpon Tina Jandela. (Selma Mutia Dwi)
Ilustrasi carpon Tina Jandela. (Selma Mutia Dwi)

Tapi ningali anu leumpang jam sakieu mah asa béda rarasaanna téh. Pasti ieu téh tabuh dalapanan leuwih. Waktuna haneut moyan. Enya, apan anu leumpang teunangan téh léokna ka masjid. Da puguh masjid téh negrak enya ogé jauh, atuh katingali manéhna sasapu di téras masjid, sakapeung malah ngepél. Terusna mah saukur katingali kalangkangna, solat di jero lebah juru.

Saha manéhna téh? Bet aya anu nyérédét unggal nyérangkeunna. Asa wawuh kana rarasaanana. Pasti betah lamun geus di jero masjid téh. Solat sanikmatna. Terus dikir saresepna. Gusti, hapunten abdi tina sagala kalepatan. Néng Cingut sok tara ngarasaeun aya anu ngalémbéréh dina pipina. Malah sakapeung mah nepi ka cipruk mukenana ogé.

Lamun anteng teuing nyérangkeun anu di masjid, sok kadangu aya ngetrok panto terus dibuka. “Néng, turun heula atuh, sasarap geura. Abah tuh nungguan, hoyong bareng jeung Enéng cenah,” ceuk anu muka panto.

“Muhun sakedap, Ma. Abdi gentos acuk heula,” cenah bari gancang nyusutan anu baseuh dina pipina.

Ma Nyai sakapeung sok terus asup ka jero kamar. Lunga-lengo tina jandéla. Atawa ngabantuan ngabérésan Qur’an jeung buku anu patulayah dina méja. Maksudna mah meureun hayang kairingkeun incuna téh turun ka handap.

Hiji waktu mah Ma Nyai ka jero kamar téh bari henteu kanyahoan ku Néng Cingut. Puguh ti tadi digentraan, anu ngalangeu dina jandéla kalah anteng. Disampeurkeun téh kana jandéla, horéng anténg nyérangkeun anu leumpang teunangan ka mumunggang tempat masjid kampung ngadeg.

“Abah, si Enéng téh aya ku mindeng nyérangkeun anu arék duha ka masjid kampung,” saur Ma Nyai basa ngariung sasarap di babaléan dapur.

“Keun waé atuh nyérangkeun anu leumpang di kajauhan mah. Da puguh loba ieuh anu leumpang mah,” témbal Abah Haji.

“Ari Abah, puguh apan ieu mah museur ka anu saurang. Santri kalong anu saur Abah sok ceurik di masjid téa. Boa-boa si Enéng téh deukeut jodona...”

“Ah, Ema mah. Saha atuh anu kersaeun ka jalmi anu sakieu ayana,” ceuk Néng Cingut, ujug-ujug aya anu nyelek dina tikorona, haneut dina tungtung socana.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Cerita Pendek: TIANG LISTRIK

Sabtu, 25 Juni 2022 | 07:00 WIB

Carita Pondok: MORO SAWARGA

Sabtu, 18 Juni 2022 | 09:13 WIB

Carita Pondok: LATAR LAYAR

Sabtu, 4 Juni 2022 | 10:59 WIB

Carita Pondok: DINA TUNGTUNG SIMPE

Sabtu, 21 Mei 2022 | 06:14 WIB

Cerita Pendek: SAJAK LI BAI YANG SEKARAT

Sabtu, 14 Mei 2022 | 09:45 WIB

Carita Pondok: SANEKALA

Sabtu, 7 Mei 2022 | 07:39 WIB

Cerita Pendek: PERTEMUAN PADA SUATU MALAM

Sabtu, 30 April 2022 | 11:31 WIB

Cerita Pendek: KISAH YANG TAK BERKESUDAHAN

Sabtu, 16 April 2022 | 10:48 WIB

Sastra Sunda: DEMONSTRASI

Sabtu, 9 April 2022 | 11:25 WIB

Cerita Pendek: PUASA TANPA KEPALA KELUARGA

Sabtu, 2 April 2022 | 14:04 WIB

Sastra Sunda: LALAKON KOPLOK

Sabtu, 26 Maret 2022 | 08:20 WIB

Cerita Pendek: JERAT BUBAT

Sabtu, 19 Maret 2022 | 05:05 WIB

Sastra Sunda: LEUNGITEUN

Sabtu, 12 Maret 2022 | 10:32 WIB

Cerita Pendek: DERA LARA

Sabtu, 5 Maret 2022 | 06:47 WIB

Sastra Sunda: SRIKANDI ZAMAN NOW

Sabtu, 26 Februari 2022 | 15:12 WIB

Lugiena De jadi Pinunjul Hadiah Sastra LBSS 2022

Selasa, 22 Februari 2022 | 08:17 WIB

Cerita Pendek: PERTEMUAN

Sabtu, 19 Februari 2022 | 11:09 WIB

Sastra Sunda: POPOEAN

Sabtu, 12 Februari 2022 | 09:45 WIB
X