Ku: Yus R Ismail
CENGKAT tina sajadah téh sok terus ngalangeu dina jandéla. Neuteup ka jauhna. Pasawahan mayakpak umpak-umpakan. Dapuran awi di gawir-gawir ngagupayan katebak angin. Walungan luak-léok motong pasawahan. Gusti, aya ku éndah. Henteu aya babandinganana ciptaan Anjeun.
Betah Néng Cingut lamun geus ngalangeu dina jandéla. Henteu bosen neuteup pamandangan, nyérangkeun anu ngalaliwat duka arék ka mana atawa tos ti mana. Keur anteng neuteup ka jauhna sakapeung sok aya kukupu anu hiber siga anu ngahaja nyampeurkeun. Treup eunteup dina tungtung jandéla.
Néng Cingut sok terus lunga-lengo ka luar jandéla. Naha aya kukupu hiber nepi ka dieu? Apan ieu téh jandéla tingkat tilu. Sanggeus ningali réa kekembangan di teras tingkat dua, belenyéh Néng Cingut imut.
“Rék naon manéh téh ka dieu, Kupu?” gerendeng Néng Cingut. Leungeunna anu masih karungkup mukena ngarongkong ka luar jandéla. Maksudna mah ngarah kukupu téh balik deui kana kekembangan di handap. Tapi geleber kukupu téh siga nu reuwas, teup eunteup deui kana jariji Néng Cingut. Siga anu ngahaja.
Baca Juga: Sastra Sunda: LAWUNG DI BASISIR CIUJUNG
Néng Cingut reuwas. Tapi ogé atoh. Lalaunan leungeunna ditarik. Kukupu téh angger eunteup siga anu henteu sieuneun. Néng Cingut aya ku resep neuteup kukupu. Kukupu anu bodas nyacas. Garis-garis kulawu mapantes wates jangjang. Asa anéh kukupu téh. Apan biasana warna-warni kukupu mah. Tapi ah, iraha teuing merhatikeun kukupu. Boa ti baheula ogé réa kukupu siga kitu.
Basa karérét ku juru panonna aya anu leumpang di jalan, Néng Cingut sok terus nyérangkeun. “Jig ka ditu néangan kekembangan, Kupu,” gerendeng Néng Cingut bari nyintreukeun jarijina. Geleber kukupu téh siga anu ngarti. Puputeran hareupeun jandéla, terusna mah ka handap, eunteup dina kekembangan.
Néng Cingut terusna mah nyérangkeun anu leumpang di jalan. Jauh saenyana ka jalan téh, bari réa kahalangan ku tatangkalan. Tapi anéhna, bet sok hayang waé nyérangkeun anu leumpang téh. Padahal mah aya ratus urangna anu leumpang di jalan éta téh. Komo waktuna solat lohor atawa asar mah.
Artikel Terkait
Sastra Sunda: ABAH PALAY KURBAN
Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI
Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN
Sastra Sunda: KATURUG KATUTUH
Sastra Sunda: NU CÉPLAK JEUNG SEUHAH
Sastra Sunda: MAPAG UDAT-UDAT BALEBAT
Sastra Sunda: LAGU PANINEUNGAN
Sastra Sunda: LAWUNG DI BASISIR CIUJUNG
Sastra Sunda: HARITA, SANGGEUS HAYAM MANG JANA BABAUNG
Mengangkat Bahasa dan Sastra Lokal: Menjaga Catatan Sejarah dari Kepunahan