KOREJAT. Reuwas. Naha aya sora anjing nu babaung deukeut pisan? Asa can pernah dina sajarah hate kuring aya anjing ka deukeut apartemen nu didicingan ku kuring sabatur-batur. Naha luncat ti peta nu belah mana? Pan aya pos satpam? Geus sapuluh taun bumen-bumen di lantai panghandapna, asa can pernah nempo anjing ngalanto. Paling ogé hayam, nu dipiara ku Mang Jana, urang Kampung Lisung, tatangga anu panglomana.
Kuring nyingraykeun hordéng, nempo ka pipir, nyidik-nyidik ka handapeun tangkal balingbing. Aya anu babaung deui. Tapi sorana asa ti naraka anu pangjauhna. Sora babaungna rada aya nada anu béda. Béda ti wirahma anjing anu biasa aya dina National Geographic.
Rét ka deukeut kurung hayam. Gebeg. Na enya kitu?
Taya anjing. Ngan aya hayam jago cacalangapan ngalegaan pamatukna anu jiga sasak leutik nu melengkung. Tapi sorana bet sora anjing? Kuring gigisik. Ceuli direbing-rebingkeun bari nempo ka na kurung hayam bogana Mang Jana. Biasana, hayam Mang Jana mah sok kongkorongok saméméh Subuh meletékkeun matapoé.
Baca Juga: Sastra Sunda: LAGU PANINEUNGAN
Teu lila, aya cahya kokolébatan. Mapay témbokan, tatangkalan, terus nyorot ka na kandang hayam. Beuki écés ayeuna mah. Hayam Jago Mang Jana cacalangapan. Beuheungna rengkung sidik keur ngaluarkeun sora. Tapi naha sorana bet jadi sora anjing anu babaung?
Pasti aya nanaon. Gancang kuring nyabet sarung jeung sénter. Terus muru ka luar kamar. Deg, ampir tabrakkan jeung Mang Jana, anu sarua muru lobby apartemen.
“Akang rék ka mana, deuih!?”
Artikel Terkait
[SASTRA] Mengenang Puisi Sapardi: Hujan Bulan Juni
Sastra Sunda: PEUTING PETENG KI JURU PANTUN
Sastra Sunda: ABAH PALAY KURBAN
Sastra Sunda: ÉLÉGI PANDEMI
Sastra Sunda: MAPAG HIBAR PANGHAREPAN
Sastra Sunda: KATURUG KATUTUH
Sastra Sunda: NU CÉPLAK JEUNG SEUHAH
Sastra Sunda: MAPAG UDAT-UDAT BALEBAT
Sastra Sunda: LAGU PANINEUNGAN
Sastra Sunda: LAWUNG DI BASISIR CIUJUNG