Ku: Hadi AKS
TEU karasa gilisirna waktu.
Leler kawas angin tapi saenyana nyéak, ninggalkeun tapak nu nyarahcal tan kawilang. Cek rarasaan, asa kamari kénéh urang heureuy gogonjakan. Asa cik kénéh gunem catur madungdengkeun poé isuk. Urang sok ngawangwang ngumbar lamunan. Taya bosenna padungdeng masinikeun hirup sangkan hurip. Taya seubeuhna ngararangkay harepan. Harita mah hirup téh ngan kebek ku lamunan nu can puguh bisa kasorang. Biheung sabaraha kali urang nyaritakeun hayang bisa seuri dina kapeurih, atawa bisa jembar dina katugenah.
“Naha bisa kitu?” ceuk anjeun.
“Bisa, lamun urang tanggoh!” témbal kuring.
Harita anjeun bangun cangcaya, tapi kuring teteg tur yakin yén manusa bisa hirup téh lantaran tanggoh bari salilana aya tarékah. Tarékah nyiar kipayah, tarékah néangan élmu, kalungguhan, sarta pangpangna néangan kabagjaan hirup.
“Di mana kabagjaan hirup téh ngancikna?” anjeun geus pok deui nanya.
“Dina diri urang!” Anjeun lila ngahuleng ngalenyepan omongan kuring.
“Enya dina diri urang ayana, ngan loba anu teu sadrah,” cek kuring nandeskeun.