Carita Pondok: SAPIKER TOA

- Sabtu, 25 Maret 2023 | 11:00 WIB
Ilustrasi carpon Sapiker Toa. (Arsacadipura)
Ilustrasi carpon Sapiker Toa. (Arsacadipura)

Carita Pondok Jenar Mahésa

"Assalamualaikum warahmatullah wabarakatuuh. Sampun Kapundut wangsul sowan wonten ing ngarsa dalem Allah..."

SORA sapiker toa disada ti masjid, sorana cempréng tur rébék tanding sora mitoha Adéng lamun isuk-isuk pareng nyarékan hayam pipireun imah. Lain nyarékan hayam saenyana lantaran basana pinuh ku ruruhit ditarima ku ceuli Adéng nu biasana masih ngaringkuk di kamar. Ngahudang rasa sumanget, laju nimpug nu ngacaprak ku halu lumpang. Ngan samet niat prakna mah teu wantun.

Adéng ngoréjat. Ceulina dirancung-rancung tapi berita lelayu kaburu dipungkas ku sora feedback ngajelengik nojos ceuli. Adéng nutupan sirahna ku bantal lenyéd pinuh ku dahdir. Sora Rojali marbot masjid karasana jiga tarompét sangkakala nyocogan ceuli, nguwak-ngawik impénan nu keur sumedeng éndah.

"Suudzhoooon!" Adéng ngajerit bari kokosodan dina dipan. Polahna jiga kasarumahan jurig barongsai.

"Éling, astagfirullah dudu suudzhon, Kaang! Ndang raup kono gén waras." Surti norojol, gap ngarampa tarang salakina, laju ditoyorkeun kana bilik kamar nepika nobros. Mitoha awéwé nu keur marab hayam ngajerit, tuluy ngayekyek sawan sab ningali hulu Adéng kaluar tina bilik teu jeung awakna.

Baca Juga: Asyik! Cuti Bersama Maju, Pemerintah Imbau Perusahaan Swasta Beri THR Lebih Awal

"Saha nu saré! Sidik aing geus hudang, naha ari manéh?" Adéng turun tina dipan bari ngeprukan sirahna nu pinuh ku apu.

"Tangi tapi urung sadar iku jengené nglindur, Naang!" Surti némpas.

"Saha nu maot, béb?"

"Spiker toa buanter néng sanding omah orak krungu? Péan' iku turu opo mati, Mas?"

"Toa butut!"

"Butut juga toa, berguna lah, daripada sampéan."

"Oh, kiit." Adéng napsu.

Halaman:

Editor: Dudung Ridwan

Tags

Artikel Terkait

Terkini

Cerita Pendek: PAVILIUN BERKABUT

Sabtu, 27 Mei 2023 | 10:17 WIB

Carita Pondok: EUIS

Sabtu, 20 Mei 2023 | 06:00 WIB

Cerita Pendek: PULANG

Sabtu, 13 Mei 2023 | 11:12 WIB

Carita Pondok: RURUHIT

Sabtu, 6 Mei 2023 | 10:16 WIB

Cerita Pendek: PENGAKUAN PRASOJO

Sabtu, 29 April 2023 | 10:06 WIB

Carita Pondok: KEUN INDUNGNA MAH RAWATEUN ABDI

Sabtu, 22 April 2023 | 05:00 WIB

Cerita Pendek: SISIR DAN CERMIN

Sabtu, 15 April 2023 | 11:03 WIB

Carita Pondok: SAPANJANG SAGARA KEUSIK

Sabtu, 8 April 2023 | 10:14 WIB

Cerita Pendek: SIMFONI TAK SELESAI

Sabtu, 1 April 2023 | 11:02 WIB

Carita Pondok: SAPIKER TOA

Sabtu, 25 Maret 2023 | 11:00 WIB

Cerita Pendek: TIBA-TIBA SEMUA MENGHILANG

Sabtu, 18 Maret 2023 | 10:36 WIB

Carita Pondok: UCING TATANGGA

Sabtu, 11 Maret 2023 | 08:16 WIB

Carita Pondok: MANG APAN

Sabtu, 25 Februari 2023 | 11:31 WIB

Cerita Pendek: PSIKOTIK

Sabtu, 18 Februari 2023 | 07:18 WIB

Carita Pondok: AWEUHAN PANINEUNGAN

Sabtu, 11 Februari 2023 | 08:28 WIB

Carita Pondok: Lalakon Bihari

Sabtu, 28 Januari 2023 | 13:33 WIB

Carita Pondok: NONA ANGSANA

Sabtu, 14 Januari 2023 | 10:53 WIB

Cerita Pendek: TEMAN BARU SEMASA RONDA

Sabtu, 7 Januari 2023 | 12:28 WIB

Carita Pondok: ANJEUN NGANGKLEUNG NA HATE KURING

Sabtu, 31 Desember 2022 | 11:34 WIB
X